Tah ieu usul anu hade, hayu atuh urang ngabudidayakeun tumila...
da geuning jiga undur-undur oge, baheula saha anu nyangka eta bisa dijadikeun 
obat ayeuna...susuganan atuh engke aya nu inovatif ngadameul ubar tina tumila...
Kangge Ayi nana...tong dudurukan wae ah...paranas ieu teh...komo ayeuna aya 
gombal warming...aeh global warming...



----- Pesan Asli ----
Dari: "[EMAIL PROTECTED]" <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: Urang Sunda <[email protected]>
Terkirim: Kamis, 3 Januari, 2008 8:16:44
Topik: RE: Bls: [Urang Sunda] Pangalaman Ngusir Tumila

Heuheuy deudeuh.
Baraya keun wae atuh ulah diusir. Mendingan dibudidayakeun saha anu terang keur 
kahareupna mah neangan tumila teh hese.
Cenah mah aya beja ati tumila teh sakilona awis, dugi ngajuta. Nya eta sapertos 
ati reungit, ati kutu, jrrd.
Mangga tah manawi aya gunana.

Nyanggakeun,
gl

Nana Suwargana wrote:
> gampang pisan atuh ari keur ngusir tumilamah biasana mah dibere panas paraeh, 
> carana nyaeta : 1. mun tumila nyayang dina sarung, duruk sarungna 2. mun 
> tumila nyayang dina kasur, duruk kasurna 3. mun tumila nyayang dina talupuh, 
> duruk talupuhna 4. mun tumila nyayang dina dipan, duruk dipanna 5 mun tumila 
> nyayang dina sakabeh parabotan imah, duruk parabotna 6. mun tumila nyayang 
> dina parabot imah jeung imahna, duruk wae imahna 7. mun tumila nyayang dina 
> buuk, duruk wae buukna 8. mun tumila nyayang dina sarupaning nu nyelepet, 
> duruk wae dina bagian nu nyelepetna 9. mun tumila nyayang dina sakujur awak, 
> duruk wae awakna 10.. mun unsur no 1 nepi ka 9 aya kabeh duruk wae kabehanana 
> cape
> euy jadina he he he he .......... punten ah heureuy yeumah...... ..... tong 
> dilebetkeun kanu hate bisi boga panyakit lever ----- Pesan Asli ---- Dari: 
> firman raharja <raharja1973@ yahoo.com> Kepada: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
> Terkirim: Kamis, 3 Januari, 2008 5:25:53 Topik: Re: [Urang Sunda] Pangalaman 
> Ngusir Tumila 
> Cenah jang ngusir tumila aya sababaraha cara nurrutkeun pangalaman urang 
> jakarta cenah mun aya tempat nu dicurigai jadi tempat nyayang sakadang tumila 
> cukup dikeueum ku cai laut tapi lamun jauh teuing ka laut mah anclomkeun we 
> ka sumur sok geura .... moal burung ........ firman tea syam <[EMAIL 
> PROTECTED] com.au> wrote: tumila mah resepeun pisan ditempat nu 
> nyelepet,kayaning disela sela lampit, palupuh
> (talupuh), atawa dina sela-sela kasur, ari cara ngusirna mah gampang, bere we 
> plang anu ditulisan "tempat ini akan segera digusur harap segera pindah" mun 
> mantangul semprot we ku baygon atawa duruk we jeung kasur kasurna.   salian 
> tempat nu disebutkeun diluhur, tumila ge boga tempat cicing pavorit anu sarua 
> nyelepetna, nyaeta sok betaheun nyelegon dina kelek nu geuliz pangpangna nu 
> sok biasa make baju lekbong. mun geus teu betaheun dina kelek lantaran 
> kelekna haben disemprot deodorant sok pindah nerelek ka luhur kana sirah, 
> matak mun aya nu geuliz gugutrut wae kana sirah, lain pedah salah sampo atawa 
> loba kotombe, tapi dina sirahna tumila keur karawinan bari nyaroco. mun teu 
> nerelek kaluhur nya sok turun kahandap, tetep teu jauh, neangan nu nyelepet 
> oge.   
> kulantaran hobina karawin (boa aya nu nyandung oge), tumila mah mun diantep 
> teu dibasmi sok leuya,baranahan, adi adian deui,incu incuan deui. abong 
> tumila teu apal alat kontrasepsi.   aya sisindiran nu nyabit nyabit tumila. 
> "tumila diadu boksen, dibelaan ku adina" "beuki lila beuki bosen, kapaksa 
> ngaheroan adina"   sr *sanes ahli tumila komo baturna mah       ----- 
> Original Message ----- From: Pangeran Gogon To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
> Sent: Thursday, January 03, 2008 8:04 AM Subject: [Urang Sunda] Pangalaman 
> Ngusir Tumila baraya... dupi di kusnet aya nu ngagaduhan pangalaman ngeunaan 
> cara ngusir tumila? kesel pisan tah ka si "bau" teh, komo tah lamun geus 
> nyoco meni ateul pisan. sok atuh ah dibagi pangalamannana ka sim kuring... 
> cag ah, hatur nuhun. ps : kangge kang Junaedi di Menara Global, Peryogi keneh 
> Kumaha Cara Diserang "Tongo"?.. wikikikikik. ..... 
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. 
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com 
> Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
> Answers 
> 

____________ _________ _________ _________ _________ ________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers. yahoo.com/





      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke