Wilujeng tepang kanggo Kang Dede

Kebo Hideung

  ----- Original Message ----- 
  From: dede solehudin 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, January 12, 2008 10:33 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Pamacek



  heu.......hayang seuri kuring mah maca eusi ieu email......
  kabayang ka lembur kuring suasana na teh sunda pisan....
  nepangkeun kuring teh Dede ti Ciamis, tapi ayeunamah kuring teh keur kuli di 
semarang. Satamat Kuliah terus jadi kuli beneran....
  salam ka urang lembur....

   
  2008/1/12, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]>: 

    Pamacek
    Ku: Kebo Hideung  - Perum MB Kawalu Tasikmalaya

    Hiji mangsa aya pupuhu lembur sareng istrina ngayakeun silaturahmi ka hiji 
'peternakan' sapi anu aya di pilemburan. Tujuan anjeuna nyumpingan peternakan 
sapi eta, bakating ku hoyong meupeuskeun kapanasaran, da eta ceunah ngadangu ti 
rahayatna yen bibit sapi ti peternakan Mang Juha mah kalintang saena. Dina 
acara kunjungan teu resmi eta, pupuhu lembur tatalek ka Mang Juha, diantara 
obrolana sapertos kieu; 

    Mang Juha    : Wilujeng sumping pangersa
    Pupuhu        : Kumaha calageur ?
    mang Juha    : Alhamdulillah sae pangersa, duh asa rareuwas pacampur sareng 
bingah ieu
                          teh pangersa.
    Pupuhu       : Hiis...teu kudu reuwas sagala Mang, da kuring mah teu resmi 
datang kadieu teh,
                        tuh kapanan teu marilu ajudan oge.
    Mang Juha  : Ohhh...manawi teh....dupi ieu saha pangersa? 
    Pupuhu      : Aeh...kapanan ieu teh juragan istri
    Mang Juha  : Aduh....punten ibu..eh juragan..manawi teh....
    Juragan istri : Ajudan....!!!
    Mang Juha   : He.he.he..sanes atuh juragan, piraku juragan janten ajudan 
pangersa.

    Teu lila torojol aya pamajikan Mang Juha nyampeurkeun, bari lumpat leutik 
samping dising-
    satkeun samet bitis, tuluy hariweus-weus ngabageakeun tatamu;
    "Euleuh-euleuh paingan ti kamari aya kukupu ngendong dina kandang si Jagur, 
singhoreng aya tatamu agung, wilujeng sumping di kandang sapi pangersa, euleuh 
aya juragan istri oge geuningan." 

    Juragan istri : kumaha daramang Bi..?
    Jikan Mang Juha    : Alhamdulillah pangesto juragan, duh si Bapa mah tamu 
teh naha 
                                   bet sina diluar, atuh kalebet juragan.
    Pupuhu                 : Keun we Bi kuring mah diluar wae
    Mang Juha            : Har ari Ibi kapanan ieu teh kandang sapi...!  (bari 
molotot)
    Jikan Mang Juha    : Aeh muhun nya duh..punten pangersa, da eta atuda 
bapana mah sok 
                                  mondok moe dikandang, janten langkung betah 
keneh di kandang sapi
                                  tibatan dirorompok.
    Juragan istri           : Ah piraku Bi..?
    Jikan Mang Juha    : Kantenan leres pisan juragan
    Mang Juha            : Ah..si Ibi mah kamana karep nyarios teh

    Pupuhu                : Mang ceunah cek beja sapi Mang Juha mah tok cer, nu 
mana atuh anu
                                 ngaran si Jagur teh.
    Mang Juha           : Tuh pangersa anu itu...anu nuju kokoer
    Juragan istri         : ohhh..paingan atuh Bapa..eta mah mani badag kitu
    Jikan Mang Juha  : Ihh..kantenan atuh juragan, komo upami nuju beger mah 
katingali badagna
    Pupuhu               : Maksudna kumaha Bi..?
    Jikan Mang Juha  : Eu...anu pangersa...eta taeuna upami nuju dipacekeun mah 
janten 
                                katingalina langkung ageung maksad teh.
    Juragan istri        : Har ari Ibi...da kuring mah maksud teh lain badag 
etana, tapi awakna.
    Jikan Mang Juha : Hi.hi.hi.hi...manawi teh
    Mang Juha          : Matakna jempe geura..sok pipilueun ari salaki keur 
ngobrol teh.

    Pupuhu               : ehem...Mang ari pamacekna ngan ukur si Jagur ?
    Mang Juha          : Aya deui pangersa tuh anu semu hideung eta mah 
sadinten kiateun dugi 
                                tilu kalina
    Pupuhu              : Tilu kali macekeun Mang ?
    Mang Juha         : Muhun
    Juragan istri       : Tuh..bapa tilu kali Pa... (bari nyiwitan cangkeng 
pupuhu)
    Pupuhu             : Ari anu bodas eta ?
    Mang Juha        : Tah anu bodas eta mah paling banter opat kali sadinten
    Juragan istri      : Bapa opat kali bapa...(bari jeletot deui nyiwit 
cangkeng pupuhu)
    Pupuhu            : Ari si Jagur  kuateun sabaraha kali sapoe?
    Mang Juha       : Wah..kantenan we atuh Pangersa si Jagur mah pang hebatna, 
sadinten
                             tiasa genep kali.
    Pupuhu            : Sabaraha? genep kali? teu salah Mang?
    Mang Juha       : leres pangersa, ke sakedap deui oge si jagur mah neangan 
bikangna.
    Juragan istri     : Tuh Bapa...genep kali..!  (jeletot deui wae eta 
nyiwitan cangkeng pupuhu)
    Pupuhu            : ke heula atuh Bu..da Bapa teh can beres tatarosna
    Juragan istri     : Pan tos jelas pa genep kali...
    Pupuhu            : Mang ari genep kali teh, bikangna angger nu eta?
    Mang Juha       : Ah..henteu atuh juragan guntas-gentos
    Pupuhu            : Yeuh Ibu..Bapa oge tiasa dalapan kali sadinten asal 
istrina guntas-gentos.
    Juragan istri     : Heuh..si Bapa mah kahayangna..!
    Pupuhu           : Bongana atuda piraku Bapa disaruakeun jeung sapi.
    Juragan istri     : Heug ku Ibu diwidian sadinten dalapan kali 
guntas-gentos, asal Ibu anu milarian
                            calona.
    Pupuhu          : Tah..ti baheula teh cariosan ieu anu ku Bapa 
diantos-antos teh
    Juragan istri    : Mang Juha....!
    Mang Juha      : Muhun juragan aya pikersaeun naon?
    Juragan istri    : Cikan pang neangankeun sapi bikang dalapan, kanggo 
juragan pameget.
    Mang Juha      : Leres ieu teh juragan? 
    Pupuhu           : Halah..si Ibu mah hanas atoh Bapa teh...(bari tuluy 
ngaleos)

    Mang Juha oge pamajikana, ningali Pupuhu ngaleos bari jomotrot teh bati 
olohok ngembang kadu.

    Tamat







   

Kirim email ke