ah ulah nyebat Kang, da kuring mah budak keneh nagaran oge Dede?
sebut we jang dede, leuwih merenah meureun.....



2008/1/14, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>    Wilujeng tepang kanggo Kang Dede
>
> Kebo Hideung
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* dede solehudin <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Saturday, January 12, 2008 10:33 PM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Pamacek
>
>
>
> heu.......hayang seuri kuring mah maca eusi ieu email......
> kabayang ka lembur kuring suasana na teh sunda pisan....
> nepangkeun kuring teh Dede ti Ciamis, tapi ayeunamah kuring teh keur kuli
> di semarang. Satamat Kuliah terus jadi kuli beneran....
> salam ka urang lembur....
>
>
> 2008/1/12, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]>:
> >
> >    Pamacek
> > Ku: Kebo Hideung  - Perum MB Kawalu Tasikmalaya
> >
> > Hiji mangsa aya pupuhu lembur sareng istrina ngayakeun silaturahmi ka
> > hiji 'peternakan' sapi anu aya di pilemburan. Tujuan anjeuna nyumpingan
> > peternakan sapi eta, bakating ku hoyong meupeuskeun kapanasaran, da eta
> > ceunah ngadangu ti rahayatna yen bibit sapi ti peternakan Mang Juha mah
> > kalintang saena. Dina acara kunjungan teu resmi eta, pupuhu lembur tatalek
> > ka Mang Juha, diantara obrolana sapertos kieu;
> >
> > Mang Juha    : Wilujeng sumping pangersa
> > Pupuhu        : Kumaha calageur ?
> > mang Juha    : Alhamdulillah sae pangersa, duh asa rareuwas pacampur
> > sareng bingah ieu
> >                       teh pangersa.
> > Pupuhu       : Hiis...teu kudu reuwas sagala Mang, da kuring mah teu
> > resmi datang kadieu teh,
> >                     tuh kapanan teu marilu ajudan oge.
> > Mang Juha  : Ohhh...manawi teh....dupi ieu saha pangersa?
> > Pupuhu      : Aeh...kapanan ieu teh juragan istri
> > Mang Juha  : Aduh....punten ibu..eh juragan..manawi teh....
> > Juragan istri : Ajudan....!!!
> > Mang Juha   : He.he.he..sanes atuh juragan, piraku juragan janten ajudan
> > pangersa.
> >
> > Teu lila torojol aya pamajikan Mang Juha nyampeurkeun, bari lumpat
> > leutik samping dising-
> > satkeun samet bitis, tuluy hariweus-weus ngabageakeun tatamu;
> > "Euleuh-euleuh paingan ti kamari aya kukupu ngendong dina kandang si
> > Jagur, singhoreng aya tatamu agung, wilujeng sumping di kandang sapi
> > pangersa, euleuh aya juragan istri oge geuningan."
> >
> > Juragan istri : kumaha daramang Bi..?
> > Jikan Mang Juha    : Alhamdulillah pangesto juragan, duh si Bapa mah
> > tamu teh naha
> >                                bet sina diluar, atuh kalebet juragan.
> >  Pupuhu                 : Keun we Bi kuring mah diluar wae
> > Mang Juha            : Har ari Ibi kapanan ieu teh kandang sapi...!
> >  (bari molotot)
> > Jikan Mang Juha    : Aeh muhun nya duh..punten pangersa, da eta atuda
> > bapana mah sok
> >                               mondok moe dikandang, janten langkung
> > betah keneh di kandang sapi
> >                               tibatan dirorompok.
> > Juragan istri           : Ah piraku Bi..?
> > Jikan Mang Juha    : Kantenan leres pisan juragan
> > Mang Juha            : Ah..si Ibi mah kamana karep nyarios teh
> >
> > Pupuhu                : Mang ceunah cek beja sapi Mang Juha mah tok cer,
> > nu mana atuh anu
> >                              ngaran si Jagur teh.
> > Mang Juha           : Tuh pangersa anu itu...anu nuju kokoer
> > Juragan istri         : ohhh..paingan atuh Bapa..eta mah mani badag kitu
> > Jikan Mang Juha  : Ihh..kantenan atuh juragan, komo upami nuju beger mah
> > katingali badagna
> > Pupuhu               : Maksudna kumaha Bi..?
> > Jikan Mang Juha  : Eu...anu pangersa...eta taeuna upami nuju dipacekeun
> > mah janten
> >                             katingalina langkung ageung maksad teh.
> > Juragan istri        : Har ari Ibi...da kuring mah maksud teh lain badag
> > etana, tapi awakna.
> > Jikan Mang Juha : Hi.hi.hi.hi...manawi teh
> > Mang Juha          : Matakna jempe geura..sok pipilueun ari salaki keur
> > ngobrol teh.
> >
> > Pupuhu               : ehem...Mang ari pamacekna ngan ukur si Jagur ?
> > Mang Juha          : Aya deui pangersa tuh anu semu hideung eta mah
> > sadinten kiateun dugi
> >                             tilu kalina
> > Pupuhu              : Tilu kali macekeun Mang ?
> > Mang Juha         : Muhun
> > Juragan istri       : Tuh..bapa tilu kali Pa... (bari nyiwitan cangkeng
> > pupuhu)
> > Pupuhu             : Ari anu bodas eta ?
> > Mang Juha        : Tah anu bodas eta mah paling banter opat kali
> > sadinten
> > Juragan istri      : Bapa opat kali bapa...(bari jeletot deui nyiwit
> > cangkeng pupuhu)
> > Pupuhu            : Ari si Jagur  kuateun sabaraha kali sapoe?
> > Mang Juha       : Wah..kantenan we atuh Pangersa si Jagur mah pang
> > hebatna, sadinten
> >                          tiasa genep kali.
> > Pupuhu            : Sabaraha? genep kali? teu salah Mang?
> > Mang Juha       : leres pangersa, ke sakedap deui oge si jagur mah
> > neangan bikangna.
> > Juragan istri     : Tuh Bapa...genep kali..!  (jeletot deui wae eta
> > nyiwitan cangkeng pupuhu)
> > Pupuhu            : ke heula atuh Bu..da Bapa teh can beres tatarosna
> > Juragan istri     : Pan tos jelas pa genep kali...
> > Pupuhu            : Mang ari genep kali teh, bikangna angger nu eta?
> > Mang Juha       : Ah..henteu atuh juragan guntas-gentos
> > Pupuhu            : Yeuh Ibu..Bapa oge tiasa dalapan kali sadinten asal
> > istrina guntas-gentos.
> > Juragan istri     : Heuh..si Bapa mah kahayangna..!
> > Pupuhu           : Bongana atuda piraku Bapa disaruakeun jeung sapi.
> > Juragan istri     : Heug ku Ibu diwidian sadinten dalapan kali
> > guntas-gentos, asal Ibu anu milarian
> >                         calona.
> > Pupuhu          : Tah..ti baheula teh cariosan ieu anu ku Bapa
> > diantos-antos teh
> > Juragan istri    : Mang Juha....!
> > Mang Juha      : Muhun juragan aya pikersaeun naon?
> > Juragan istri    : Cikan pang neangankeun sapi bikang dalapan, kanggo
> > juragan pameget.
> > Mang Juha      : Leres ieu teh juragan?
> > Pupuhu           : Halah..si Ibu mah hanas atoh Bapa teh...(bari tuluy
> > ngaleos)
> >
> > Mang Juha oge pamajikana, ningali Pupuhu ngaleos bari jomotrot teh bati
> > olohok ngembang kadu.
> >
> > Tamat
> >
> >
> >
> >
>  
>

Kirim email ke