Punten ka kang Maya, seratan dina kusnet.ning.com ieu ditempelkeun oge di dieu.

Sumanget joang kisunda téh sabenerna mah gedé. Sabengbatan, kuring nyokot conto 
tina sumanget joang kisunda anu jadi aktivis di wikipédia Sunda.

Henteu loba urang Indonésia anu jadi pamaké basa daérah terus jadi pamaké 
(kontributor artikel) wikipedia. Anu katitén ku kuring, ti Indonesia, sélér 
Sunda jeung Jawa anu loba aktif di wikipedia téh. Aya ogé para pamaké ti sélér 
wong Banyumasan sarta hiji sélér ti pulo Sulawési, ngan jumlah kontribusina 
jauh dibandingkeun jeung nu dijieun ku sélér Sunda jeung sélér Jawa.

Sabengbatan ningali statistik poe Saptu tanggal 12 Januari 2008 pukul 7.40, 
jumlah kontribusi anu dijieun ku dua sélér ieu, urang bisa ngabanding-banding 
saha anu leuwih boga daya joang diantara dua sélér ieu.

Sélér Sunda:
- admin: 5 (birokrat jeung kuncén)
- pamaké: 501 (kaasup birokrat jeung kuncén)
- artikel: 23.963 (total), 13.370 (nu alus), 104.744 (jumlah éditan)
- ranking: 65 tina 253

Sélér Jawa:
- admin: 7 (birokrat jeung kuncén)
- pamaké: 778 (kaasup birokrat jeung kuncén)
- artikel: 19.560 (total), 11.669 (nu alus), 93.716 (jumlah éditan)
- ranking: 70 tina 253

(Pikeun data real time, bisa ditempo dina ramat loka: 
http://s23.org/wikistats/wikipedias_html.php?sort=good_desc)
 
Katingali yén sanajan diawakan ku jelema anu leuwih saeutik, sélér Sunda 
ngahasilkeun kontribusi anu leuwih loba. Unjuk gawéna jiga Divisi Siliwangi 
waktu jaman perang kamerdékaan; saeutik mahi, mahi ngahasilkeun préstasi anu 
alus. Henteu kabayang kumaha lamun jumlah kisunda anu boga sumanget joang kitu 
téh leuwih réa, meureun hasilna rohaka. Komo lamun sumanget joang saperti kitu 
téh dilarapkeun ku réa kisunda dina widang-widang lianna (politik, ékonomi, 
sosial, budaya) di Jawa Barat jeung Banten, henteu mustahil kisunda bakal 
ngahasilkeun préstasi anu rohaka ogé.

Masalahna ayeuna, naha bisa? Jeung, kumaha carana?
 
Salam,
Aschev


      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke