Urang nyaah ka batur teh panginten da batur nyaah kaurang. Kitu, sanes? Dina 
hal beasiswa, kaleresan sim kuring mah henteu kantos ngaraoskeun kanyaah aki 
Ato atanapi supersemarna. Anu karaos ku sim kuring harita ngan kangewa (jigana 
efek tina OS anu dilakukeun ku Himpunan Mahasiswa waktos kuliah, sanaos henteu 
kantos janten aktivis kampus). Waktos anjeunna lengser keprabon (rarasaeun jadi 
raja, make istilah kitu sagala), harita mung ningali tina tivi di Nashville, 
Tennesse, langsung luncat bari surak jeung babaturan teras sujud sukur.

Saleresna sim kuring oge kantos kenging beasiswa, nyaeta ti Yayasan Padamu 
Negeri pingpinan pa Siswono Yudohusodo. Nyaeta nu asih mah dipulang asih. Beut 
muncul kanyaah ka pa Siswono. Waktos anjeunna nyalonkeun diri janten cawapres 
pasanganana Amin Rais, hate ngadu'a supados anjeunna tinekanan janten wapres, 
padahal mah can kantos paamprok jonghok, ngan pedah gara-gara beasiswa.

Wangsul deui ka aki Ato, muhun, ayeuna mah urang ngadua'a wae supados enggal 
sehat atanapi enggal dipundut upami ata anu langkung sae.
 





----- Original Message ----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, January 16, 2008 5:24:19 PM
Subject: [Urang Sunda] suharto, supersemar jeung surili



Keur sakola keneh, si kuring -surili rada kasep- kungsi dua taunan meunang
beasiswa supersemar. Enya, eta ti yayasan supersemar, kecap eta ti surat
perintah sebelas maret, nu teuing kamana surat aslina mah.

Nu munggaran gedena beasiswa 40 rebu/bulan, terus naek, poho deui, duka 50rb
duka 60/bulan. Asana mah 50rebu/bulan da nu 60rb/bulan mah ti pt INTI. Dua
taun we pokona meunang beasiswa supersemar teh. Tapi teu dua taun terus2an.
harita mah meunang beasiswa teh gampang, ukur daptar -da ongkoh teu gede.
Asana mah sarat sejen teh, kasep, sanajan saeutik. Hehe. Teu gede jeung teu
picukupeun memang -komo pikeun hirup gaya di bdg, sanajan eta tah awal taun
90an. 

nu taun kadua, dirapel, asana harita teh 400rebuan. Dipake naon? Meuli gitar
(atawa hitar, cek urang Kertabumi mah) lengkep jeung baju/bungkusna tina
bahan oskar abu-abu hideung (kulit imitasi). Dina bajuna ditulisan ku
spidol, "thank you for mr. president who gave me money to buy this sexy
thing." Haha. babaturan deukeut nepi ka arapaleun kalimah eta. Soka dipake
jang sumpah jabatan pikeun hiji tugas mun keur meunang proyek. Harita si
kuring hayang boga kareueus ka presiden, ciga urang amrik ka presidena
(kekecapan hade presiden amrik sok ditariru ku bangsana, siga john f kennedy
tea, ciga "don't ask what your contry can do for you but ask what can you do
for your contry). Presiden sukarno cigana loba ngucapkeun kalimah2 hade,
ciga jangan lupakan sejarah (jas merah), beri aku sepuluh....maka. ...beri
aku sepuluh pemuda maka ....(he love persisnya). 

Beres lulus sakola, joy jorojoy hayang tumarima. Nya ngirim surat ka yayasan
supersemar, ngabejaan geus lulus bari nganuhunkeun, terus nulis oge,
meungpeung can puguh gawe jeung teuing hayang jadi naon, nya rek mantuan
program yayasan supersemar. Dibales, tangtu lain ku hms, tapi duka ku saha
he love deui. Surat eta ngabejaan yen mun erek, sagancangna kudu datang ka
tapos. Aya program pelatihan pikeun sarjana pendamping desa kitu, mun teu
salah mah. Ngahuleng, kabisa ti sakola lain ngurus desa, tapi da ngurus
gedong dikota. Haha. teu jadi tah datang ka tapos teh. Mun harita datang
meureun jadi tukang angon sapi, jadi koboy tapos mun embung milu ka desa
jadi sarjana pendamping desa tea. 

Sedih oge ari noong tapos dina tv, konglomerat nu dibaratik teh, nu teu
sipitna mah...euweuh! bari jeung bangsa maranehna nu sok jadi korban mun
nagri aya huru-hara. Kumaha atuh ieu teh. Butuh duitna, pangabisana, tapi
sok jadi kambing hitam...

Sikep jeung pikiran si kuring nu sejen ngeunaan presiden harita aya dina
novel Epigram.

--------
tah ayeuna mah urang ngadu'a we. upami bade teras angkat, mangga enggalkeun,
upami bade damang, mangga sing damang deui. Ulah lami2 siga ayeuna. Sabab
sby-jk jeung rahayat masih seueur keneh uruseun, sarupaning kedelai (solusi
praktis pamarentah, bea masuk nol persen, hehe, padahal nu naekkeun harga
kedele teh ongkosna, da bahan bakar mesin kapal barang naek oge pastina),
minyak tanah nu diganti gas, tki, jaba cenah jakarta baris kabanjiran deui.
Urang jabar rek milih gubernur anyar.





      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke