Nu birokrat urang make piwuruk Aa Gym: ngawitan ti diri sorangan, ti ayeuna, ti 
hal nu laleutik heula. Target mah simpel we urang nyieun conto kahandap nu 
baleg, kaluhur tunjukeun dimana ngadeg supaya nu diluhur teu bingung rek nitah 
baleg teu balegna.

Nu lain birokrat sarua we lah tunjukkeun ngaradegna dimana, ulah "so' te u" 
ceuk urang Jakarta mah.  
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, January 16, 2008 5:23:04 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: SOEHARTO CEUK MANG AJIP..gawe nu can beres

sumuhun Mang Oman, naha cenah endonesia teu langsung hahasilan ku ayana 
reformasi : LANTARAN REFORMASI-NA tos DISABOTASE / DIKOOPTASI sa-acan endonesia 
bener-bener bersih jeung mahasiswana kaburu gancang puas (utamina reformasi 
dina mental birokrasi, cobi aos deui seratan Mang Ajip geura)...
sa atos reformasi MA jeung pangadilan angger paling korup, polisi angger paling 
korup, KKN beuki mahabu, nu paling gampang : nyieun KTP angger kudu mayar gede, 
teu bisa mayar sesuai jeung tarif nu aya (mun teu kitu bakal lila anggeusna).. .
 
nu paling parah emang dina masalah penegakan hukum, mandeg mayong, saur Mang 
Ajip mah, nu rek bener2 kumaha da maranehna ge sarua kotorna...
 
 
^_^
 
 
 
----- Original Message ----- 
From: Oman Abdurahman 
Subject: [Urang Sunda] Re: SOEHARTO CEUK MANG AJIP..gawe nu can beres


Nginjeum istilah Mj, nagara anu can anggeus, reformasi ge kitu. 
Reformasina wae can anggeus. Diantara anu can anggeus, anu sabenerna 
kudu diheulakeun pisan nyaeta reformasi sistem birokrasi, tina anu 
salila ieu korup kudu jadi nyangking (ber) prestasi. 

Ti jaman orba nepi ka ayeuna, prestasi henteu atawa kurang dihargaan 
di lingkungan pagawe negeri atawa birokrasi. Naekna pangkat atawa 
jabatan pns lain ku prestasi, tapi ku dp3 (jeung: umur, hahaha) anu 
cara nganileina pohara subyektifna, teu aya ukuran kuantitatifna. Ieu 
anu sakuduna diheulakeun direformasi. Sigana, kabinet sanggeus 
presiden SBY engke, geus meujeuhna pisan diarana jeung mawa 
konsep "Orde Prestasi".

manAR

--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, netta fahad <nettafahad@ ...> wrote:
>
> ieu mah bade intermezzo heula...
> Upami urang ngemut deui ka sabaraha taun katukang nyaeta pas 
kajadian Reformasi sareng penggulingan Orde Baru. Kuring tumanya ka 
diri sorangan, naha mun teu aya krisis moneter di Indonesia, oknum2 
orde baru oge sipat-sipat goreng orde baru moal bisa 
kabolekerkeun? ?? 
> Beda memang jeung nagara lian, krisis moneter di Indonesia berujung 
ka krisis Politik. Naha bet bisa kitu, duka teuing....da jojol-jojol 
mahasiswa dararemo, tokoh2 reformis bermunculan sapertos Amien Rais, 
Gus Dur, Sri Bintang, sareng rea-rea deui. Bener2 kabeneran 
atau "kebetulan" pisan, naha teu ti taun 80-an maranehna 
teh "ngareformasi" Orba????
> jigana, maranehna mangpaatkeun kondisi bangsa nu kacau jang 
ngoyagkeun pamarentah wanci harita. 
> Jiga nu geus cape jeung alim kaluar tanaga deui, Pa Suharto lengser 
ku kahoyongna nyalira. Teu aya pertahanan ti Pa Suharto jang 
ngalanggengkeun posisina. Eta oge aya memang pertahanan ti Pa Suharto 
nu akhirna ngabalukarkeun ayana Kajadian "Tri Sakti" tea.
> Saprak reformasi eta, kabeh kabolekerkeun, kawas peristiwa Tanjung 
priok, "Ambiguitas" kajadian G 30 S PKI, Korupsi, Kolusi sareng 
Nepotisme.
> Naha tos reformasi teh Kaayaan kesejahteraan jadi langkung 
maju,,,duka teuing, da raraosan mah asa masih absurb atawa nge-"blur" 
keneh...
> Nya kahoyong mah mugi - mugi ayeuna teh nagara urang aya 
dina "progress" atawa jalan kana kajayaan atawa kamajuan.
> tapi sadayana balik deui ka diri masing - masing....
> Nagara bakal maju mun rahayatna hayang maju jeung daek usaha. 
Singkirkeun sebisa mungkin, egoisme atawa hayang salamet sorangan. 
Nu Palinter sok bantuan nu barodo, nu Baleunghar sok bantuan nu 
mariskin. ulah tepi ka Nu Palinter jeung beunghar malah nincak, 
nyiksa nu barodo jeung mariskin.
> Angursi Silih bantuan jeung silih ngingetan. 
.
 




      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke