Balik ti kantor gek diuk song cai inum, istirahat tuluy disiapkeun tuangeun. 
Beledug....barudak jeung badega ngoceak teu adil yeuh si abah "mentang-mentang" 
nu neangan duit kudu dikaualaan, diheulakeun barang tuangna. Pan nu masak jeung 
nu nyiapkeun lain abah. Teu adil!

Ti taun 90 dugi ka 2002 (DUA BELAS TAUN) urang adu renyom urusan ieu utamana ku 
bedana BI. Hasilna? Teu aya hasil ngan "dagelan", omdo hungkul. Tapi tong waka 
di nagar di pausahaan ge sarua getreng, bagean produksi, marketing, SDM, 
keuangan, jste. kabeh sarua pang pentingna.

Kahade sipat urang teh sok asa pang pentingna sok asa pang pinterna. Jeung sok 
pundungan tea, majar teh anak tere, beu....  Teu aya jalan pintas, motong, 
urang sasarengan we lah. Panarimaan nagara sukses kabeh naek....tangtosna perlu 
waktu sanes?





----- Original Message ----
From: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, January 16, 2008 5:43:16 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: SOEHARTO CEUK MANG AJIP..gawe nu can beres

Sapuk sakumaha kasauran kang Oman.
Kuring masih emut, waktos Pa Sarwnono Kusumatmadja 
janten Menpan(taun 80 atawa awal 90 an) netelakeun,
yen gaji anu ditarima PNS teh ngan 1/12 na tina hak
anu kedah ditarima. Nepi ka ayeuna, mun teu lepat mah
kanaikan gaji PNS teh ngan dua atawa tilu kali. Tapi
ceuk kang Tirta/jalak Pakuan mah cenah kanaekanana
bertahap. Ayeuna anu disejahterakeun PNS anu ngurus
kaduitan heula, PNS sejenna pandeuri. Tah didieu
katingali heunteu adilna.Padahal nagara teh diwangun
ku sakabeh PNS, lain ngan ku PNS anu ngurus duit wae.
Puguh wae atuh korupsi masih mahabu, sabab masih aya
"anak emas" jeung "anak tere".
Coba lamun Orde Baru dimimitian ku cara nyejahterakeun
sadaya PNS. Atawa ayeuna SBY ngahutang ka Bank Dunia
pikeun naekkeun gaji PNS, pasti kabocoran APBN tiasa
dikirangan.

baktos,

mrachmat uidipura
PNS anu rek jadi pagawe universitas, ngantosan UU BHP

--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

> Nginjeum istilah Mj, nagara anu can anggeus,
> reformasi ge kitu. 
> Reformasina wae can anggeus. Diantara anu can
> anggeus, anu sabenerna 
> kudu diheulakeun pisan nyaeta reformasi sistem
> birokrasi, tina anu 
> salila ieu korup kudu jadi nyangking (ber) prestasi.
> 
> 
> Ti jaman orba nepi ka ayeuna, prestasi henteu atawa
> kurang dihargaan 
> di lingkungan pagawe negeri atawa birokrasi. Naekna
> pangkat atawa 
> jabatan pns lain ku prestasi, tapi ku dp3 (jeung:
> umur, hahaha) anu 
> cara nganileina pohara subyektifna, teu aya ukuran
> kuantitatifna. Ieu 
> anu sakuduna diheulakeun direformasi. Sigana,
> kabinet sanggeus 
> presiden SBY engke, geus meujeuhna pisan diarana
> jeung mawa 
> konsep "Orde Prestasi".
> 
> manAR
> 
>

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile. yahoo.com/ 
;_ylt=Ahu06i62sR 8HDtDypao8Wcj9tA cJ 





      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke