Panasaran kana istilah 'rukun gawe', kuring ngotektak KUBS LBSS, neang entri kecap 'rukun'. Nu kapanggih ukur sabangsaning rukun islam, rukun iman, rukun wulu anu ngarujuk kana harti kawajiban sarta karukunan, runtut rukun, jeung rukun tatangga anu ngarujuk kana harti rapih, lulus, tara pasea, runtut raut, repeh-rapih. Padahal, nu dimaksud teh sigana mah anu dina basa Indonesia disebut 'kerja sama' tea. Naha henteu gawe bareng, rampakgawe, atawa gawe rampak, atawa sabilulungan?
On 1/17/08, urang_cupumanik wrote: > > Tanggal 31 Januari 2008, Ajip Rosidi jejeg 70 taun. Acara milangkalana > baris direuah-reuah di Graha Sanusi Hardjadinata (Aula UNPAD), rukun > gawéUniversitas Padjadjaran jeung Panitia 70 Taun Ajip Rosidi. > -- sikandar kumincir.blogspot.com

