Aya hiji tradisi ti Mang Ayip Rosidi teh, nyaeta dina ngayakeun pangleler hadiah RANCAGE anu nepi ka ayeuna taun ka 18 (mun teu lepat mah) heunteu eureun-eureun, sok diayakeun di lingkungan kampus atawa lingkungan peuseur kabudayaan/kasenian. Kantos diayakeun di UI, UNPAK (Bogor), IKJ, UGM, UNPAD, jrrd.
Duka tah naon kasang tukangna diayakeun di tempat-tempat eta, naha pikeun nyumangetan kalangan kampus sangkan soson-soson ngulik kasenian/kabudayaan, atawa nembongkeun "kajugalaan", yeuh tingali, sok sanajan teu boga ijazah sakola luhur jeung teu loba boga banda pakaya, bisa ngaleler ka para seniman/budayawan kalayan mayeng. Da kanyataanana geuningan kampus anu katempatan jadi pangleler hadiah Rancage, teu aya kamajuan dina perkara ngulik di widang kabudayaan/kasenian. Terus, aya hiji deui tradisi anu diropak ku mang Ajip teh. Nyaeta, biasana para seniman/budayawan sok tara poho ka bali geusan ngajadi. Tapi mang Ajip mah teu aya kontribusi pikeun tempat kalahiranana (Jatiwangi/majalengka).Malahan mah kalah ka mukim di Pabelan (tapi aya harewos cenah mah, aya karuhuna anu dikurebkeun di Pabelan). Eta wae anu jadi hiji pananya ka Mang Ajip ti kuring. Padahal upama mang Ajip Mukim di wewengkon Majalengka/kuningan,meureunan bakal maju kabudayaan suku marjinal (urang Cirebon). So, pangnaroskeun perkara ieu ka Mang Ajip, soalna kuring ngarasa jadi urang Majalengka, dina perkara kabudayaan teu aya anu tiasa dibanggakeun. baktos, mrachmat almajalengka --- urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tanggal 31 Januari 2008, Ajip Rosidi jejeg 70 taun. > Acara milangkalana > baris direuah-reuah di Graha Sanusi Hardjadinata > (Aula UNPAD), rukun > gawé Universitas Padjadjaran jeung Panitia 70 Taun > Ajip Rosdi. Dina > éta acara, di antawisna baris aya loncing buku > karya-karya Ajip > Rosidi, loncing buku mémoar Ajip Rosidi Hidup Tanpa > Ijazah (kandelna > 1300 kaca), maca puisi ku Réndra, jsté. > > Kesan balaréa ka Ajip Rosidi tangtos béda-béda. Ku > kituna, > mangga diantos bilih aya nu badé masihan koméntar ka > 70 Taun Kang > Ajip. Komentarna tiasa digundukkeun di dieu: > http://ppss.or.id/komentar-ka-ajip-rosidi > <http://ppss.or.id/komentar-ka-ajip-rosidi> > > Hatur nuhun. > -- Dadan Sutisna -- > > ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

