Aya hiji tradisi ti Mang Ayip Rosidi teh, nyaeta dina ngayakeun pangleler hadiah RANCAGE anu nepi ka ayeuna taun ka 18 (mun teu lepat mah) heunteu eureun-eureun, sok diayakeun di lingkungan kampus atawa lingkungan peuseur kabudayaan/kasenian. Kantos diayakeun di UI, UNPAK (Bogor), IKJ, UGM, UNPAD, jrrd.
Duka tah naon kasang tukangna diayakeun di tempat-tempat eta, naha pikeun nyumangetan kalangan kampus sangkan soson-soson ngulik kasenian/kabudayaan, atawa nembongkeun "kajugalaan", yeuh tingali, sok sanajan teu boga ijazah sakola luhur jeung teu loba boga banda pakaya, bisa ngaleler ka para seniman/budayawan kalayan mayeng 18 kali teu eureun-eureun. kanyataanana geuningan kampus anu katempatan jadi pangleler hadiah Rancage, teu aya kamajuan dina perkara ngulik di widang kabudayaan/kasenian. Terus, aya hiji deui tradisi anu ditaratas mang Ajip teh. Nyaeta, biasana para seniman/budayawan sok tara poho ka bali geusan ngajadi. Tapi mang Ajip mah teu aya kontribusi pikeun tempat kalahiranana (Jatiwangi/majalengka).Malahan mah kalah ka mukim di Pabelan jawa wetan. Teu aya pangleler pikeun penggiat kasenian/kabudayaan Cirebon. Eta wae anu jadi hiji pananya ka Mang Ajip ti kuring. Padahal upama mang Ajip Mukim di wewengkon Majalengka/kuningan,meureunan bakal maju kabudayaan suku marjinal (urang Cirebon). Mang Ayat, salaku raina mang Ayip, masihan sumbangasih ka bali geusan ngajadina, ku cara ngadamel disertasi doktor linguistik, anu judulna "Basa Sunda Dialek Cirebon". Hiji disertasi munggaran sa Asia Tenggara anu nalungtik perkara dialek di ahir taun 1970han. Kang Dadan, pangnaroskeun perkara ieu ka Mang Ajip, soalna kuring anu ngarasa nyeuseup hawa jeung taneuh Majalengka, sakaterang kuring dina perkara kabudayaan teu aya anu tiasa dipikareueus. baktos, mrachmat almajalengka --- urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tanggal 31 Januari 2008, Ajip Rosidi jejeg 70 taun. > Acara milangkalana > baris direuah-reuah di Graha Sanusi Hardjadinata > (Aula UNPAD), rukun > gawé Universitas Padjadjaran jeung Panitia 70 Taun > Ajip Rosdi. Dina > éta acara, di antawisna baris aya loncing buku > karya-karya Ajip > Rosidi, loncing buku mémoar Ajip Rosidi Hidup Tanpa > Ijazah (kandelna > 1300 kaca), maca puisi ku Réndra, jsté. > > Kesan balaréa ka Ajip Rosidi tangtos béda-béda. Ku > kituna, > mangga diantos bilih aya nu badé masihan koméntar ka > 70 Taun Kang > Ajip. Komentarna tiasa digundukkeun di dieu: > http://ppss.or.id/komentar-ka-ajip-rosidi > <http://ppss.or.id/komentar-ka-ajip-rosidi> > > Hatur nuhun. > -- Dadan Sutisna -- > > ____________________________________________________________________________________ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

