salah satujuh teori soal sasakala ngaran kepulaoan Sunda besar jeung kecil
di nusantara -jejer ieu kantos baheula di kusnet di bahas- cek salah salima
sumber, diantara gan Djaja Sukarja (alm) -kawit ti majalengka cepeng damel
kadinas pendidikan kab ciamis tahun 80an, gaduh padepokan seni sunda di
ciamis (jl. Panoongan) nu kantos ngabukukeun sajarah galuh, kirang langkung
kieu:

1.      kabiasaan urang eropa jaman baheula, utamana portugis spanyol nu
berlayar ka mana mendi -kaasup nu nepi ka nusantara  harita- diantarana:
Unggal manggih pulo sok digalambar jeung dingaranan. Dina kar/peta baheula
katembong usaha maranehna nyieun peta nu rada beda jeung nu ayeuna. Cenah
salah salima carana, ku jalan ngurilingan hiji pulo ditambah elmu geo-teuing
harita. 
2.      harita, mangsa nepi ka (sababaraha) hiji pulo di nusantara
(palabuhan), si portugis atawa spanyol nguping nu keur rame dicaritakeun teh
cenah kecap sunda.
3.      naha? cenah harita di nusantara keur heboh kasus perang bubat tea.
Ngaran (karajaan) Sunda jadi sabiwir hiji alatan kajadian tragis eta. Raja
Linggabuana nu tiwas di bubat keur jadi bahan omongan sabiwir hiji-utamana
sikap ksatriana, cenah.
4.      tina kaayaan kitu -yen kecap Sunda loba disarebut ku pribumi- ku si
juru gambar urang portugis, kecap Sunda dijadikeun we cenah ngaran2 di peta
anyar nu keur dijarieun maranehna. Make gede jeng leutik 
5.      balik ka eropa, disaralin ku pelaut sejena, diarsipkeun di museum
atawa disetor ka raja, terus gambar peta disaralin deui, dilengkepan, jadi
rujukan.

 

Meureun kari nyaruakeun data taun, perang bubat iraha, tah portugis datang
ka urang kira2 sababaraha taun ti harita-meureun ti harita oge peta
nusantara jieunan bule marake tulisan sunda gede sunda leutik . Mun carita
eta nu dijadikeun dasar ngira2. 

 

Mun portugis atawa bule nu munggaran ka urang si tome pires jeung balad2na
(kira2 1513an)  meureun beh dieu tah tulisan sunda besar sunda kecil dina
peta jieunan bule teh. Da apan perang bubat mah beh ditu, butuh waktu
tilu-opat raja heula.

 

Eta masih teori, si kuring rada condong ka carita eta, dikurangan carita
bubat, make titincakan teori sejen:

Teori yen dinosaurus beak alatan aya (loba) meteor nu nabrak planet bumi
mangrupa teori nu dianggap logikana atawa alesanana kuat, jadi cenah teori
eta nu pangseueurna ditarima. 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Aschev Schuraschev
Sent: Friday, January 18, 2008 8:43 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Asal-usul ngaran kapuloan Sunda

 

Naon kasang tukangna urang Eropah nyieun ngaran kapuloan Sunda (Sunda
islands atawa ihlas de Sonda) jeung selat Sunda (Sunda Strait atawa estreito
de Sunda)? Naha urang Eropah harita teh nyaksian yen wewengkon Sunda bihari
ngawengku leuwih ti hiji pulo sarta selat Sunda aya dina wewengkon Sunda?
Jigana mah enya lantaran saperti disebutkeun dina sababaraha buku sajarah
cenah Sunda ngawengku bagian kulon pulo Jawa jeung bagian kidul pulo
Sumatra). Ngan hanjakal can aya urang Sunda ahli sajarah anu nyungsi leuwih
jauh ngeunaan hal ieu.
 

Kirim email ke