Mere ngaran salah kaprah kulantaran teu nyaho, bisa ditempo kumaha urang kulon nyarebut "urang India" ka padumuk asli Amerika (=Indian) da Columbus nyangkana geus tepi ka India. Pulo deukeut wanua Amerika, dimana Columbus badarat oge tepi ka ayeuna disebut Kapuloan Hindia. Ngan kadieunakeun, sanggeus nyaho eta teh salah, ditambahan weh aranna make "Barat" jadi Kapuloan Hindia Barat. Sigana kecap Sunda oge kitu, pangheulana jeung pangseringna nu kareungeu ku maranehna. Hal ieu mere indikasi yen sajarah Indonesia teh kudu ditalungtik deui, boa-boa karajaan Sunda teh baheula cukup gede atawa boga pangaruh kuat, tepi ka urang bule wae ngagunakeun kecap Sunda keur sagala rupa ....
Baktos, WALUYA --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > salah satujuh teori soal sasakala ngaran kepulaoan Sunda besar jeung kecil > di nusantara -jejer ieu kantos baheula di kusnet di bahas- cek salah salima > sumber, diantara gan Djaja Sukarja (alm) -kawit ti majalengka cepeng damel > kadinas pendidikan kab ciamis tahun 80an, gaduh padepokan seni sunda di > ciamis (jl. Panoongan) nu kantos ngabukukeun sajarah galuh, kirang langkung > kieu:

