Ah,,,Kunaon ari pamarentah nya???
Lamun memang kaki lima teh ulah aya di jalan atawa tempat nu teu alus, naha 
atuh digusurna lain keur jumlahna masih saeutik ?? 
Tuh tingali, mun geus lobaan mah, beuki hese ngagusurna, jiga kasus pedagang di 
jalan Barito (Jakarta) ayeuna. Jadina teh pan karunya ongkoh ka pedagang kaki 
lima, Teu tega we ningali ibu - ibu ngoceak dengkek, gogoleran di jalan aspal, 
barijeung dihareupeunana aya pulisi nu siap ngagebugan. 
Matak ngoceak kitu ge meureun jang mertahankeun lahan / sumber "dahar" sapopoe 
manehna.
Asa teu payus rahayat diadu jeung rahayat, Pulisi teh pan rahayat keneh.

Cobi tingal di Baduy, naha aya nu jiga kitu??? atau cobi tingal Brunei 
Darussalam atawa Singapura, naha aya nu jiga kitu??? Naon bedana Urang jeung 
Baduy, Brunei Darussalam atawa Singapura???
naha pedah pendudukna nu loba, jadi hese ngaturna????Atawa nu "ngaturna" hoream 
ngatur sacara bener ???atawa memang rahayatna nu kurang disiplin???
Mun diibaratkeun  mah, Pasualan di Indonesia teh jiga hiji panyakit komplikasi 
nu can ditimukeun ubarna. Can kanyahoan naon sumber panyakitna.
tapi,  tuntungna mah pasti balik deui ka diri masing - masing...... 




 
       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke