tah, satuju ka Kang Dede. Manusa mah sok hayang nu instant wae, alim pisan 
menjalani proses/perjalanan menuju keberhasilan, komo menikmatina mah. Dalah  
proses menuju keberhasilan teh ilaharna sok dipapaes ku kanyeri, pengorbanan, 
jeung kagagalan. 
Dina soal penggusuran, memang nu salah mah pedagang kaki lima-na nu teu taat 
peraturan. tapi Pamarentah teh ngagusur kaki lima mun jumlahna geus riab, pan 
tungtungna ngahesekeun Pamarentah sorangan. 

Fenomena penggusuran teh balukar ti kurang siapna Pamarentah kota jang 
nyanghareupan masalah Urbanisasi. Reana urang kampung nu indit ka kota, rata - 
rata lain rek neangan kerja di kantoran atau industri gede. Tapi jadi pedagang 
kaki lima, pengamen, jeung pakasaban lian anu berpotensi digusur. Ayana pasar 
di kota teu mampu nampung para pedagang pendatang nu jumlahna beuki rea, jadi 
para pedagang pendatang eta teh milih tempat lian saperti terminal, jalan raya, 
stasiun, rumah sakit, taman, jeung tempat - tempat umum lain. Memang mun masih 
saeutik keneh mah  teu ngaganggu teuing kana kenyamanan umum, jadi pamarentah 
teh teu buru-buru ngasusur atau mindahkeun ka tempat lain.Tapi mun geus loba, 
geus ngaganggu kaendahan, geus buang sampah dimana wae,geus matak macet, atawa 
aya pembangunan infrastruktur anyar,  baru digalusur si pedagang kaki lima teh.


dede solehudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
nya da manusa mah sok neangan kahirupan nu gampang.....
 pan ti baheula oge geus dibejaan lamun erek dagangmah tuh di pasar......ulah 
disisi jalan!
 lain ngabela pamarentah, tapi da urang oge kudu objektif, saha nu salah?
  
 hatur nuhun 
 jangdede-semarang

 
 Pada tanggal 18/01/08, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> menulis:      
Ah,,,Kunaon ari pamarentah nya???
Lamun memang kaki lima teh ulah aya di jalan atawa tempat nu teu alus, naha 
atuh digusurna lain keur jumlahna masih saeutik ?? 
Tuh tingali, mun geus lobaan mah, beuki hese ngagusurna, jiga kasus pedagang di 
jalan Barito (Jakarta) ayeuna. Jadina teh pan karunya ongkoh ka pedagang kaki 
lima, Teu tega we ningali ibu - ibu ngoceak dengkek, gogoleran di jalan aspal, 
barijeung dihareupeunana aya pulisi nu siap ngagebugan.  
Matak ngoceak kitu ge meureun jang mertahankeun lahan / sumber "dahar" sapopoe 
manehna.
Asa teu payus rahayat diadu jeung rahayat, Pulisi teh pan rahayat keneh.

Cobi tingal di Baduy, naha aya nu jiga kitu??? atau cobi tingal Brunei 
Darussalam atawa Singapura, naha aya nu jiga kitu??? Naon bedana Urang jeung 
Baduy, Brunei Darussalam atawa Singapura??? 
naha pedah pendudukna nu loba, jadi hese ngaturna????Atawa nu "ngaturna" hoream 
ngatur sacara bener ???atawa memang rahayatna nu kurang disiplin???
Mun diibaratkeun  mah, Pasualan di Indonesia teh jiga hiji panyakit komplikasi 
nu can ditimukeun ubarna. Can kanyahoan naon sumber panyakitna. 
tapi,  tuntungna mah pasti balik deui ka diri masing - masing...... 




 
 

---------------------------------
 Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it 
now.  
 



 




 
     
                               

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke