heueuh gening meni alus pisan eta puisi teh...
ari ngadenge ngaran kota ciamis teh sok hayang balik kuring mah...
kacipta alun-alun ciamis tempat keur zaman SMA mah sok loba banci-na....nepi
ka di udag-udag kuringmah..
pokonamah KURING HAYANG BALIK KA CIAMIS LAH.....

jangdede ti semarang


2008/1/19, solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>
> Sajak-sajakna matak ngahudang rasa
> Adeuh mani waas kang, eta tuntungna ngaharib-harib moto KOTA Ciamis deui
> ..... lembur kuring
> jadi tibelat ka simanehna euy ...
>
> Oh nu manis manjing dinamis
> ngalangkang dina sawangan
> asana  ... lah ... ning hese.. puitis teh.
>
> Nuhun
>
>
>
>
> ----- Pesan Diteruskan ----
> Dari: awan wandut <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: [email protected]
> Terkirim: Sabtu, 19 Januari, 2008 10:50:25
> Topik: Re: [Urang Sunda] Sajak-sajak Sunda: Basa Patepung di Alun-alun
> �Kota Manis�
>
>   Basa Patepung di Alun-alun "Kota 
> Manis"<http://awan965.wordpress.com/2008/01/10/basa-patepung-di-alun-alun-kota-manis/>
> *Katresna kuring nyaeta katresna dina kaweningan
> Kuring nyorangan ngabogaan anjeun
> Keclakna cai ibun anu herang
> maseuhan jandela kaca
> Wanci janari anu rehe
> Masih tibra salira kulem?*
> *Tingkaretipna bentang peuting tadi
> Micinta salira kawas cai anu biru di sagara
> Micinta salira kawas taneuh ngajeon tutuwuhan
> Micinta kawas alam raya
> Salega jomantara
> Tur sabersih kenclakna cai ibun*
> *—————————————*
> *Lamunan dina wates peuting
> Ditungtung lamunan aya sesa sajuta kahayang
> Ngan rasa cinta anu teu pernah leungit
> Kalangkang anjeun anu sok nembongan
> Ah… kuring keur kasmaran*
> *Ah… kabayang mun peuting ieu bareng duaan
> Silih namplokeun ka sono
> Silih kedalkeun ka tresna
> Silih bejakeun eusi hate
> Tandana silih mikacinta
> Bakal diabadikeun kereteh eusi hate
> Bakal dijadikeun prasasti dina kahirupan*
> *Katresna, kadeudeuh, kacinta kuring ka anjeun
> Moal bisa aya watesna
> Ah… mojang priangan anu manis*
> *————————————*
> *Damis anu manis
> Sorot soca anu seukeut
> Aya geter katresna
> Diantara damis jeung lipeutn jilbab
> Aya imut ngagelenyu
> Ah… katresna kuring ka anjeun
> Ngan sakadar dina ati*
> *—————————————-*
> *Katineung siga anu moal leungit
> Panggih deui jeung manehna
> Di alun-alun kota anu manis manjing dinamis*
> *Basa Rangeman ramo silih patarema
> ter… hate bet ngageter
> tug… jajantung bet ratug*
> *Plong hate ngemplong deui
> Basa niis dina handapeun tangkal
> Dan taman kota anu manis manjing dinamis*
> http://awan965. wordpress. 
> com/<http://awan965.wordpress.com/2008/01/10/basa-patepung-di-alun-alun-kota-manis/>
>
> *fadhian_fa <[EMAIL PROTECTED] com>* wrote:
>
>  Aduh, punten pisan ieu teh. Abdi kangen pisan kana sajak Sunda. Lamun
> aya nu gaduh kirimkeunnya. Rek sabaraha wae. Hatur nuhun
>
>
>
>
>  ------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
> Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
>
>
>
> ------------------------------
> Kunjungi halaman depan Yahoo! 
> Indonesia<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http://id.yahoo.com/>yang
>  baru!
>
> 
>

Kirim email ke