Oh kang Solihin teh urang Ciamis,.... salam tepang atuh

solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               

Sajak-sajakna matak ngahudang rasa
Adeuh mani waas kang, eta tuntungna ngaharib-harib moto KOTA Ciamis deui ..... 
lembur kuring
jadi tibelat ka simanehna euy ... 

Oh nu manis manjing dinamis
ngalangkang dina sawangan
asana  ... lah ... ning hese.. puitis teh.

Nuhun 




----- Pesan Diteruskan ----
Dari: awan wandut <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Sabtu, 19 Januari, 2008 10:50:25
Topik: Re: [Urang Sunda] Sajak-sajak Sunda: Basa Patepung di Alun-alun �Kota 
Manis�

                         
      Basa Patepung di Alun-alun “Kota Manis”Katresna kuring nyaeta 
katresna dina kaweningan
 Kuring nyorangan ngabogaan anjeun
 Keclakna cai ibun anu herang
 maseuhan jandela kaca
 Wanci janari anu rehe
 Masih tibra salira kulem?
 Tingkaretipna bentang peuting tadi
 Micinta salira kawas cai anu biru di sagara
 Micinta salira kawas taneuh ngajeon tutuwuhan
 Micinta kawas alam raya
 Salega jomantara
 Tur sabersih kenclakna cai ibun
 —————————————
 Lamunan dina wates peuting
 Ditungtung lamunan aya sesa sajuta kahayang
 Ngan rasa cinta anu teu pernah leungit
  Kalangkang anjeun anu sok nembongan
 Ah… kuring keur kasmaran
 Ah…  kabayang mun peuting ieu bareng duaan
 Silih namplokeun ka sono
 Silih kedalkeun ka tresna
 Silih bejakeun eusi hate
 Tandana silih mikacinta
 Bakal diabadikeun kereteh eusi hate
 Bakal dijadikeun prasasti dina kahirupan
 Katresna, kadeudeuh, kacinta kuring ka anjeun
 Moal bisa aya watesna
 Ah… mojang priangan anu manis
 ————————————
 Damis anu manis
 Sorot soca anu seukeut
 Aya geter katresna
 Diantara damis jeung lipeutn jilbab
 Aya imut ngagelenyu
 Ah… katresna kuring ka anjeun
 Ngan sakadar dina ati
 —————————————-
 Katineung siga anu moal leungit
 Panggih deui jeung manehna
 Di alun-alun kota anu manis manjing dinamis
 Basa Rangeman ramo silih patarema
 ter… hate bet ngageter
 tug… jajantung bet ratug
 Plong hate  ngemplong deui
 Basa niis dina handapeun tangkal
 Dan taman kota anu manis  manjing dinamis
 
    
http://awan965. wordpress. com/

fadhian_fa <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:                          Aduh, punten 
pisan ieu teh. Abdi kangen pisan kana sajak Sunda. Lamun
 aya nu gaduh kirimkeunnya. Rek sabaraha wae. Hatur nuhun 
 
 
     
            
        

---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?   Find them fast with Yahoo! Search.
     
      




          
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
     
                               

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke