Wilujeng wayah kieu, 

Dina danget ieu kuring bade ngiring babagi inpormasi materi anu hade
ngenaan "Business Quotient" [BQ] jalma, masyarakat, bangsa Jepang -
"Rahasia Bisnis Urang Jepang" anu di sadur ti WDN_Center Moderator (Kang
Retno Kintoko & Ann Wan Seng)

Insya Allah tulisanana dihanca-hanca kulantaran panjang jeung...

 

Mugi jadi inspirasi, motipasi, epos, bongbolongan kanggo sadaya unsur
komponen masyarakat bangsa Indonesia dina ningkatkeun sumanget ikhtiar kana
gawe, gaya hirup jeung sumanget bibisnisan. 

 

Rahasia Bisnis Urang Jepang

Meunang : Ann Wan Seng 

 

Diajar tina : 

Langkah Raksasa Sang Nippon Mengusai Dunia

 

 

01. Nilai Hirup Urang Jepang

 

"Rahasia kasuksesan urang Jepang aya dina kamampuan maranehna nu bisa
gancang adaptasi"

 

 

Mangsa bom atom Amerika ngancurkeun puseur Kota Jepang taun 1945, sakabeh
ahli ekonomi harita boga pipikiran yen Jepang moal lila bakal bangkrut.
Ngan, dina waktu kurang leuwih 20 taun Jepang singhoreng bisa maju jeung
bisa nyaingan perekonomian nagara anu nyerangna. Kabuktian, panghasilan
taunan nagara Jepang saingan jeung Amerika Serikat. Komo dina widang
teknologi, Jepang ngiliwuri jadi raksasa di luhureun nagara-nagara gede
jeung nu kawasa laina. Dina kakurangan sacara pisik, teu paseh bahasa
Inggris, kakurangan sumber tanaga nu digawe, jeung ancaman bencana alam
rupana teu ngahalangan pikeun maranehna jadi bangsa anu dihormat ku dunnya.

 

Ann Wan Seng ngaboleklakeun sikep hirup, sikep gawe, sumangat gawe
babarengan, jeung prinsip urang jepang anu ngajadikeun hasil nu matak
reu'eus di paekonomian nagarana. Tulisan ieu salain mere cara jeung rahasia
urang Jepang tapi oge mere inspirasi supaya urang daek usaha alatan
ikhtiar.

 

"maranehna anu kungsi naek Gunung Fuji, luyu disebut jalma bijak. Tapi,
maranehna anu naek gunung eta kaduakalina alusna disebut jalma bodo."

- Rahasia paribasa Jepang -

 

Gunung Fuji anu luhurna 3.776 meter mangrupakeun gunung pangluhurna
sakaligus simbol pikeun rahayat Jepang. Bentukna anu agreng beuki nguatkeun
kana landiana nu disebut gunung keramat. Baheula, wanoja sampat dicaram
naeki gunung Fuji lantaran dewi Gunung Fuji bakal timburu.

 

Gunung Fuji anu artina "keabadian" ngajadikeun panambah sumanget pikeun
masyarakat Jepang supaya terus mikir kreatif (ngulik) dina kaayaan anu teu
mungkin (mustahi). Eta salah sahuji fakto kunaon Jepang bisa sukses nyekel
dunya sanajan boga sagunung kakurangan.

 

[hanca]

<<attachment: ~WRD000.jpg>>

Kirim email ke