---------- Forwarded message ---------- From: Rahman <[EMAIL PROTECTED]> Date: Jan 22, 2008 4:15 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Sastra Sunda "Kelas Dunia"? To: [EMAIL PROTECTED]
--- In [EMAIL PROTECTED] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Untuk itulah, saat ini pihaknya tengah memperbaiki kurikulum bermuatan > bahasa dan budaya Sunda yang telah ada di Unpad. Sastra Sunda tidak bekerja > sendiri, karena untuk menarik perhatian dunia internasional Unpad masih > menggunakan perantara kursus Bahasa Indonesia yang ada di Unpad dan sering > dikunjungi mahasiswa dari luar. > Nuhun Kang MH, Aya nu rada ngaganjel euy. Alus ieu inisiatif teh, kuring ngadukung pisan. Ngan.... bebenah heula di jero. Tong boro internasional, regional (Tatar Sunda) diberesan heula. Cikan aya data statistik nu alus teu anu ngarojong lulusan Sastra Sunda? Peran naon bae anu bisa jeung kudu dilakonan di TS keur para alumni Sastra Sunda? Terus ...naek ka tingkat nasional, kira2 naon peran alumni Sastra Sunda? Kuring kurang yakin jeung rada pesimis bakal LOBA interes internasional keur studi Sunda. Alesanana? Aya kitu anu disebut sastra Sunda ayeuna? Tong boro urusan kasusastraan, dalah urusan MEDIA lempeng ge bet siga hirup teu net paeh teu hos! uruskeun heula inajen (ekonomi) ieu basa. Kakara bakal aya apresiasi ti bangsa nu sejen. Ceuk bapa kuring baheula. Mun can bisa leumpang... tong waka hayang lumpat, bisi labuh tikusruk! ;)) baktos, Rahman

