---------- Forwarded message ---------- From: Rahman <[EMAIL PROTECTED]> Date: Jan 23, 2008 9:06 PM Subject: [Baraya_Sunda] Fwd: Re: Sastra Sunda "Kelas Dunia"? To: [EMAIL PROTECTED]
Nuhun fwd-an na Kang MH, Tah bener ceuk Teh Pup. Aya data anu akurat lulusan Sastra Sunda teu? Memeh ngalengkah iinternasionalan, ieu heula nu kudu dibebenah. Alumni sastra Sunda mun loba nu jadi tangkulak jengkol di pasar atawa nganggur wungkul, nya percumah kokoak rek go-internasional. Da moal aya nu daekeun. Jang nanahaon... urang Sunda ge arembungeun make jasa intelektual alumni Sastra Sunda lin? Kuring can nempo atawa ngadenge alumni Sastra Sunda anu dipake ku BAPEDA misalna, atawa organisasi strategis sejen na. Kuring rek poksang we, jurusan Sastra Sunda ti baheula ... moal salah oge ayeuna disebut jurusan 'gurem'. Kuring 'wani'wakca siga kieu, sabab kuring ge pernah miluan masantren di dinya, najan teu nepi ka rengse oge, da kaburu dihijrahkeun ka JKT. Meungpeung Kang Ganjar jadi rektor. Kuring boga usul... Pamarentah provinsi jeung pamarentah kota/kabupaten kudu diojok2 sina nampung lulusan sastra Sunda. Piraku pamarentah anu ngatur budaya jeung urang Sunda TEU make intelektual anu boga pangarti urusan kasundaan? Sabage bandingan. Di NL mah tulang tonggong ekonomi na teh taya lian ti kimia. Tempo: Shell, Akzo-Nobel, DSM. Lulusan jurusan basa Walanda ge BOGA andil anu alus di ieu organisasi. Komo di organisasi pamarentah mah. Kuring malah wawuh... aya lulusan jurusan sastra Walanda anu jadi diplomat! Aya kitu jurusan sastra Sunda anu jadi diplomat? Aya.... ngan dina impian! :(( Mun teu dibeberes heula satingkat kota/provinsi, terus tingkat nasional... tong waka hayang internasional. Ceuk kuring eta mah... bener henteu na mah, kumaha engke he he he... baktos, Rahman --- In [EMAIL PROTECTED] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ---------- Forwarded message ---------- > From: Bagjabinekas <[EMAIL PROTECTED]> > Date: Jan 23, 2008 1:30 PM > Subject: [Urang Sunda] Fwd: Re: Sastra Sunda "Kelas Dunia"? > To: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com> > > leres pisan kasauran kang rahman syaiful.. nu kapungkur kantos kuliah > di sastra sunda unpad.. > > ieu hal kantos dicarioskeun waktos aya kang mikihiro ka dieu... pami > teu lepat, saparantosna eta abdi ge mosting masalah ieu.. > > seueur pisan rerencangan nu lulusna baheula-baheula dugi ka ayeuna > ngalanggur keneh... asa karunyaaaaaaaaaaaaaa puguh, komo ari ka > rerencangan lalaki mah.. rek cicing di imah da era ku kolot.. > ngalamar2 teu lulus2 wae.. teuing kamana kadituna lulusan sastra sunda > teh... > > ~ipup~ > (pangangguran) > > --- In [email protected] > <urangsunda%40yahoogroups.com><urangsunda%40yahoogroups.com>, mh > <kihasan@> wrote: > > > > ---------- Forwarded message ---------- > > From: Rahman <rsyaifoel@> > > Date: Jan 22, 2008 4:15 PM > > Subject: [Baraya_Sunda] Re: Sastra Sunda "Kelas Dunia"? > > To: [EMAIL PROTECTED] > > <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com><Baraya_Sunda%40yahoogroups.com> > > > > --- In [EMAIL PROTECTED] > > <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com><Baraya_Sunda%40yahoogroups.com> > <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, mh > > <kihasan@> wrote: > > > > > > > > > > > Untuk itulah, saat ini pihaknya tengah memperbaiki kurikulum bermuatan > > > bahasa dan budaya Sunda yang telah ada di Unpad. Sastra Sunda tidak > > bekerja > > > sendiri, karena untuk menarik perhatian dunia internasional Unpad > masih > > > menggunakan perantara kursus Bahasa Indonesia yang ada di Unpad dan > > sering > > > dikunjungi mahasiswa dari luar. > > > > > > > Nuhun Kang MH, > > > > Aya nu rada ngaganjel euy. Alus ieu inisiatif teh, kuring ngadukung > > pisan. Ngan.... bebenah heula di jero. Tong boro internasional, > > regional (Tatar Sunda) diberesan heula. > > > > Cikan aya data statistik nu alus teu anu ngarojong lulusan Sastra > > Sunda? Peran naon bae anu bisa jeung kudu dilakonan di TS keur para > > alumni Sastra Sunda? > > > > Terus ...naek ka tingkat nasional, kira2 naon peran alumni Sastra Sunda? > > > > Kuring kurang yakin jeung rada pesimis bakal LOBA interes > > internasional keur studi Sunda. Alesanana? Aya kitu anu disebut sastra > > Sunda ayeuna? Tong boro urusan kasusastraan, dalah urusan MEDIA > > lempeng ge bet siga hirup teu net paeh teu hos! > > > > uruskeun heula inajen (ekonomi) ieu basa. Kakara bakal aya apresiasi > > ti bangsa nu sejen. > > > > Ceuk bapa kuring baheula. Mun can bisa leumpang... tong waka hayang > > lumpat, bisi labuh tikusruk! ;)) > > > > baktos, > > > > Rahman > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] >

