heheuy deudeuh....
alus pisan eta teh, tapi matak baham kuring calangap wae....
hade pisan, kreatif lah kang...
salam jang dede semarang........


2008/1/24, kumincir <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   Tamba gado ngaburayot...
>
> ---------- Forwarded message ----------
> From: SundaBlog
>
> NGARAH CALAWAK <http://sundablog.blogspot.com/2008/01/ngarah-calawak.html>
>
> Posted: 24 Jan 2008 02:36 AM CST
>  Asa kakara ngajaran nganjang ka parawan tanpa aya halanganana. Asa
> tara-tara, ngadak-ngadak, sabab saacanna mah kadang-kadang rada gagabah.
> Maksadna, tara tatanya saacanna naha sang parawan kacangcang manah ka jajaka
> gandang atawa tacan. Pan salah-salah, matak mamala tah!
>
> Sang parawan ngaranna Anah, anak Mang Karta panyawah Babah Can. Najan
> sakadar anak panyawah, Anah gandang taya papadana. Awakna rada panjang,
> rarayna matak nahnay jajaka mata karanjang. Balatak jajaka nyaah ka Anah,
> hayang nganjang, hayang nyangcang. Hanjakal Anah narah, sabab hayangna ngan
> ka kang Jaja, jajaka bala dadana, malah bala saawak-awak, ngan hanjakal na
> mastakana mah rada carang.
>
> Anah nyaah ka Kang Jaja, Kang Jaja nyaah ka Anah. Pas. Matakna, saban Ahad
> Kang Jaja nganjang ka Anah. Basana ngarah tambah nyaah. Padahal nyatana mah
> hayang nyabak ... tangkal kalapa na pakarangan Mang Karta. Naha? Sabab na
> tangkal kalapana aya Anah :-)
>
> Basa Kang Jaja nganjang tanggal salapan Sawal, Anah kasampak rada
> balangah, kawas aya masalah na manahna. Panasaran, Kang Jaja nanya, "Naha
> kawas aya masalah, Nah? Katarana balangah.."
>
> "Ah, taya masalah Kang.." Anah narah.
>
> "Wah, Akang mah cangcaya.. Balaka lah ka Akang mah, ngarah janglar kana
> manah," Kang Jaja maksa.
>
> "Abah Kang.." Anah kapaksa balaka.
>
> "Abah? Naha Abah?"
>
> "Abah maksa Anah sangkan nampa panglamar Jang Amat anak bandar kalapa,
> balatak hartana. Padahal anak Jang Amat aya kana dalapanna, katambah-tambah
> raray Jang Amat mah kawas panakawan. Jaba balatak randa anyar gara-gara Jang
> Amat kawas jalma sawan, saban parawan hayang kaasaan. Anah narah, ngan Abah
> kalahka amarah. Anah kapaksa nampa panglamarna..."
>
> Kang Jaja rarayna rada asak, nahan amarah. Hanjakal ngadadak taya tangan
> pangawasa, sabab Kang Jaja aya panyawat asma. Hayangna ngawakwak, ngan
> awakna ngadadak nahnay. Kalahka nyangsaya na tangkal kalapa.
>
> Anah calangap, ngarasa salah.
>
> Kang Jaja katarajang asma. Kahayangna napas, malah calawak. Manahna mah
> ngagantawang, nyasalah ka Abah, ka Jang Amat, ka Anah. Taya bayana, tamaha
> kasawat asma, katambah jalma sangsara. Kapaksa pasrah. Dadah Anaaahhh...!
>
> 
>

Kirim email ke