Urang Sunda di Qatar , sok atuh ngagabung ka urang sunda sadunya.

---------
From: dede solehudin <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, January 26, 2008 8:08:50 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: SundaBlog

---------- Forwarded message ----------
From: SundaBlog 

NGARAH CALAWAK 
Posted: 24 Jan 2008 02:36 AM CST
Asa kakara ngajaran nganjang ka parawan tanpa aya halanganana. Asa tara-tara, 
ngadak-ngadak, sabab saacanna mah kadang-kadang rada gagabah. Maksadna, tara 
tatanya saacanna naha sang parawan kacangcang manah ka jajaka gandang atawa 
tacan. Pan salah-salah, matak mamala tah! 
 
Sang parawan ngaranna Anah, anak Mang Karta panyawah Babah Can. Najan sakadar 
anak panyawah, Anah gandang taya papadana. Awakna rada panjang, rarayna matak 
nahnay jajaka mata karanjang. Balatak jajaka nyaah ka Anah, hayang nganjang, 
hayang nyangcang. Hanjakal Anah narah, sabab hayangna ngan ka kang Jaja, jajaka 
bala dadana, malah bala saawak-awak, ngan hanjakal na mastakana mah rada 
carang. 
 
Anah nyaah ka Kang Jaja, Kang Jaja nyaah ka Anah. Pas. Matakna, saban Ahad Kang 
Jaja nganjang ka Anah. Basana ngarah tambah nyaah. Padahal nyatana mah hayang 
nyabak ... tangkal kalapa na pakarangan Mang Karta. Naha? Sabab na tangkal 
kalapana aya Anah :-) 
 
Basa Kang Jaja nganjang tanggal salapan Sawal, Anah kasampak rada balangah, 
kawas aya masalah na manahna. Panasaran, Kang Jaja nanya, "Naha kawas aya 
masalah, Nah? Katarana balangah.." 
 
"Ah, taya masalah Kang.." Anah narah. 
 
"Wah, Akang mah cangcaya.. Balaka lah ka Akang mah, ngarah janglar kana manah," 
Kang Jaja maksa. 
 
"Abah Kang.." Anah kapaksa balaka.
 
"Abah? Naha Abah?" 
 
"Abah maksa Anah sangkan nampa panglamar Jang Amat anak bandar kalapa, balatak 
hartana. Padahal anak Jang Amat aya kana dalapanna, katambah-tambah raray Jang 
Amat mah kawas panakawan. Jaba balatak randa anyar gara-gara Jang Amat kawas 
jalma sawan, saban parawan hayang kaasaan. Anah narah, ngan Abah kalahka 
amarah. Anah kapaksa nampa panglamarna. .." 
 
Kang Jaja rarayna rada asak, nahan amarah. Hanjakal ngadadak taya tangan 
pangawasa, sabab Kang Jaja aya panyawat asma. Hayangna ngawakwak, ngan awakna 
ngadadak nahnay. Kalahka nyangsaya na tangkal kalapa. 
 
Anah calangap, ngarasa salah. 
 
Kang Jaja katarajang asma. Kahayangna napas, malah calawak. Manahna mah 
ngagantawang, nyasalah ka Abah, ka Jang Amat, ka Anah. Taya bayana, tamaha 
kasawat asma, katambah jalma sangsara. Kapaksa pasrah. Dadah Anaaahhh...!









      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke