Euh beu marketing creative strategy atawa ajian welas asih......
On 1/28/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cenah, ceuk sahibul hikayat, baheula dihiji nagara, aya Raja nu ngukut > anjing. Raja kacida nyaahna ka anjingna teh. Nyaah ka anjingna ngaleuwihan > > kanyaah ka kulawargana komo ka Rakyatna. Hiji poe, anjingna teh paeh. Raja > > kacida sedihna, karaton geunjleung, rakyat oge ear pabeja-beja ...... > > Bakating ku nyaah, bangke anjing teh, dikurebkeun saperti kumaha > ngurebkeun > bangsawan nu mangkat. Kabeh para gegeden jeung rakyat tumplek da > dikudukeun. > Sanajan ditarurut tapi bari kukulutus. Sajajalan jalma ngarereg, nyambut > kareta karajaan nu mawa bangke anjing. Waktu tepi ka tempat ngubur anjing, > > aya jalma ceurik auk-aukan, komo sanggeus prosesi nguburkeun beres mah, > manehna ceurik bari kokosehan dina deukeut kuburan anjing. > > Kalakuanna akhirna katangen ku Sang Raja. Manehna digeroan ku sang Raja > :"Hey Ki Silah, kunaon maneh ceurik tepi ka kitu?" > "Abdi sedih kaulanun Gusti!" > "Sedih kunaon?" > "Sumuhun ku wafatna Si Tumang nu parantos nyarengan Gusti mangtaun-taun" > > Kacida gumbirana sang Raja, aya nu maturan sedih kaleungitan anjing. Nu > nyeungceurikan paehna anjing Raja teh, ku Raja dibere hadiah duit jeung > Emas > berlian. > > Sapuluh taun ti harita, Raja teh mangkat. Teu aya nu sedih, teu aya nu > ceurik, nya biasa we. Malah Ki Silah nu baheula auk-aukan ceurik waktu > ngubur anjing Raja, teu indit-indit acan ka tempat nguburkeun Raja. Ku > tatanggana ditaranya, kunaon sababna ari waktu anjing raja paeh mah, tepi > ka > ceurik jeung kokosehan, ari ayeuna waktu Raja pupus, datang oge henteu ka > tempat nguburna teh, kalahka senang-senang we di imah. > > Jawab Ki Silah: " Pan rajana ge geus paeh, percomah, lamun kuring ceurik > tepi ka auk-aukan oge, moal aya nu mere duit jeung emas!" > > Baktos, > WALUYA > > >

