halah nu kitu mah lain kreatip kang, tapi P E N J I L A T ..... ngaletakan bujur batur, ngarah meunang persenan.
On Jan 28, 2008 4:05 PM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Euh beu marketing creative strategy atawa ajian welas asih...... > > > On 1/28/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Cenah, ceuk sahibul hikayat, baheula dihiji nagara, aya Raja nu ngukut > > > > anjing. Raja kacida nyaahna ka anjingna teh. Nyaah ka anjingna > > ngaleuwihan > > kanyaah ka kulawargana komo ka Rakyatna. Hiji poe, anjingna teh paeh. > > Raja > > kacida sedihna, karaton geunjleung, rakyat oge ear pabeja-beja ...... > > > > Bakating ku nyaah, bangke anjing teh, dikurebkeun saperti kumaha > > ngurebkeun > > bangsawan nu mangkat. Kabeh para gegeden jeung rakyat tumplek da > > dikudukeun. > > Sanajan ditarurut tapi bari kukulutus. Sajajalan jalma ngarereg, nyambut > > > > kareta karajaan nu mawa bangke anjing. Waktu tepi ka tempat ngubur > > anjing, > > aya jalma ceurik auk-aukan, komo sanggeus prosesi nguburkeun beres mah, > > manehna ceurik bari kokosehan dina deukeut kuburan anjing. > > > > Kalakuanna akhirna katangen ku Sang Raja. Manehna digeroan ku sang Raja > > :"Hey Ki Silah, kunaon maneh ceurik tepi ka kitu?" > > "Abdi sedih kaulanun Gusti!" > > "Sedih kunaon?" > > "Sumuhun ku wafatna Si Tumang nu parantos nyarengan Gusti mangtaun-taun" > > > > Kacida gumbirana sang Raja, aya nu maturan sedih kaleungitan anjing. Nu > > nyeungceurikan paehna anjing Raja teh, ku Raja dibere hadiah duit jeung > > Emas > > berlian. > > > > Sapuluh taun ti harita, Raja teh mangkat. Teu aya nu sedih, teu aya nu > > ceurik, nya biasa we. Malah Ki Silah nu baheula auk-aukan ceurik waktu > > ngubur anjing Raja, teu indit-indit acan ka tempat nguburkeun Raja. Ku > > tatanggana ditaranya, kunaon sababna ari waktu anjing raja paeh mah, > > tepi ka > > ceurik jeung kokosehan, ari ayeuna waktu Raja pupus, datang oge henteu > > ka > > tempat nguburna teh, kalahka senang-senang we di imah. > > > > Jawab Ki Silah: " Pan rajana ge geus paeh, percomah, lamun kuring ceurik > > > > tepi ka auk-aukan oge, moal aya nu mere duit jeung emas!" > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > > >

