emmhhhhh.... ngaruy euy !!! 
geus lila teu panggih jeung sangu timbel...
komo eta jigana aya beuleum peda beureum tah, di-ulas ku jeruk purut...
emmmhhhh... matak pedo !!! estu echo !!! 

wilujeng Teh Ihat, sing pajeng lah saung sareng sangu-na...
sing tiasa "melebarkan" sayap ka sakuliah nusantara (da menu sunda mah seueur 
nu resepeun, teu urang sunda wae, seler sejen ge seueur nu resepeun)...


^_^



  ----- Original Message ----- 
  From: Solihat Pasundan 
  To: URANG SUNDA SADUNYA 
  Sent: Sunday, January 27, 2008 10:57 PM
  Subject: [Urang Sunda] INFORMASI RESTORAN SUNDA Menu



  Ieu informasi Sapalih Menu RM Sarcobek Cangkuang

  Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

  Kapihormat Para inohong  warga lilist urang sunda sadunya. 
  Mohon maaf bade ngiring promosi.
  Simkuring sakulawargi saat ieu teh nuju ngalaksanakeun usaha warung sangu 
sunda anu tos diresmikeun dina aping 1 November 2007 ku Kapala Dinas Pariwisata 
Kab. Garut.

  Ari nami restorananan teh " RM SARICOBEK CANGKUANG". Tuangen anu janten menu 
utama nya eta cobek gurame,cobek lauk emas, karedok (ieu tuangen teh tos kajojo 
kunu tos ngarasokeun tuang di RM Saricobek). Anu Sanesna  oge rasana 
alhamdulillah kaanggo pisan.

  Lokasina di obyek pariwisata Candi Cangkuang Leles Garut anu parantos ka 
sohor sadunya tea. Upami ti gerbang tol cileunyi mung +/- sajam perjalanan. Ti 
jalan cagak nagreg nyandak arah anu ka Garut. Pas di Alun2 Leles mengkol ka 
kiwa ka arah obyek wisata candi cangkuang.

  Danget ieu RM Sari Cobek teh sering kadonkapan tamu2 ti Jakarta, terutama 
seringna rombongan ageung dugikeun tiasa ngalayanan pesanan kanggo 300 jalmi. 
Kapasitas tiasa nampung langkung ti 100 jalmi sakali acara.

  Saderek sadaya para inohong tiasa ngadongkapan langsung atanapi meryogikeun 
informasi anu langkung lengkep, mangga ku simkuring dipasihan ganbaran poto2na.

  Alamat lengkepna:

  RM SARI COBEK CANGKUANG
  lOKASI : Obyek Wisata Situ Cangkuang Leles Garut
  Telp.   : 0262 455557, 081320228343
  Kontak : Solihat / Ibu Hj. Onyas Siti Nurjanah.
  email : [EMAIL PROTECTED]
  Kapasitas : Tiasa kanggo tamu langkkung ti 100 jalmi
  Fasilitas : 1 saung 3.5 x 13meter2, 1 saung 3.5 x 5m2, 
                 2 saung 3 x 3m2,  2 saung 2 x 2 m2. Mesjid Baitul Mannan,    
                WC/Paturasan 4. Taman asri, saung diluhureun balong, 
                pamancingan, arkir tiasa kanggo 50 mobil mah. 

  Hargi2 : masih anu pang mirahna kanggo restoran anu sakelas.
  Pelayanan: Kanggo pengunjung kulawargi, rombongan jumlah teu aya batasna 
tiasa dilayani, tiasa nginep kanggo rombongan.Insya Allah kapayunan 
dikembangkeun bungalow.


  Mohon bantuannaana kapala wargi sadayana kanggo nyebarkeun informasi/bewara 
ieu ka sadayana wargi urang, tatanggi, kantor saha bae anu resep jalan2 ka 
wewengkon garut.

  Sateuacana simkuring sakulawargi ngahaturnkeun nuhun anu teu aya hinggana 
kana sagala bantosanana para saderek inohong di milis sunda ieu. Insya Allah 
janten amal ibadah. Mudah2an Allah SWT ngabales kana sagala kasaean saderek 
sadaya.

  Di antos kasumpinganana.
  Wassalamualaikum

  RM Saricobek Cangkuang
  Solihat Onyas SN . 
   

Kirim email ke