Pak Hasan Abdi teh Bapana Barudak, ngan nami ah da amanah ti sepuh kedah dianggo bae. Sok kanggo Kusnet didiskon, Tapi duka sabarahana mah kedah di rembugkeun hela sareng anu ngelolana (pun Bojo). Da abdi mah di Doha Qatar.
----- Original Message ---- From: Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, January 28, 2008 2:24:34 AM Subject: Re: [Urang Sunda] INFORMASI RESTORAN SUNDA Menu emmhhhhh.... ngaruy euy !!! geus lila teu panggih jeung sangu timbel... komo eta jigana aya beuleum peda beureum tah, di-ulas ku jeruk purut... emmmhhhh... matak pedo !!! estu echo !!! wilujeng Teh Ihat, sing pajeng lah saung sareng sangu-na... sing tiasa "melebarkan" sayap ka sakuliah nusantara (da menu sunda mah seueur nu resepeun, teu urang sunda wae, seler sejen ge seueur nu resepeun)... ^_^ ----- Original Message ----- From: Solihat Pasundan To: URANG SUNDA SADUNYA Sent: Sunday, January 27, 2008 10:57 PM Subject: [Urang Sunda] INFORMASI RESTORAN SUNDA Menu Ieu informasi Sapalih Menu RM Sarcobek Cangkuang Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh Kapihormat Para inohong warga lilist urang sunda sadunya. Mohon maaf bade ngiring promosi. Simkuring sakulawargi saat ieu teh nuju ngalaksanakeun usaha warung sangu sunda anu tos diresmikeun dina aping 1 November 2007 ku Kapala Dinas Pariwisata Kab. Garut. Ari nami restorananan teh " RM SARICOBEK CANGKUANG". Tuangen anu janten menu utama nya eta cobek gurame,cobek lauk emas, karedok (ieu tuangen teh tos kajojo kunu tos ngarasokeun tuang di RM Saricobek). Anu Sanesna oge rasana alhamdulillah kaanggo pisan. Lokasina di obyek pariwisata Candi Cangkuang Leles Garut anu parantos ka sohor sadunya tea. Upami ti gerbang tol cileunyi mung +/- sajam perjalanan. Ti jalan cagak nagreg nyandak arah anu ka Garut. Pas di Alun2 Leles mengkol ka kiwa ka arah obyek wisata candi cangkuang. Danget ieu RM Sari Cobek teh sering kadonkapan tamu2 ti Jakarta, terutama seringna rombongan ageung dugikeun tiasa ngalayanan pesanan kanggo 300 jalmi. Kapasitas tiasa nampung langkung ti 100 jalmi sakali acara. Saderek sadaya para inohong tiasa ngadongkapan langsung atanapi meryogikeun informasi anu langkung lengkep, mangga ku simkuring dipasihan ganbaran poto2na. Alamat lengkepna: RM SARI COBEK CANGKUANG lOKASI : Obyek Wisata Situ Cangkuang Leles Garut Telp. : 0262 455557, 081320228343 Kontak : Solihat / Ibu Hj. Onyas Siti Nurjanah. email : rm_saricobek_ cangkuang_ [EMAIL PROTECTED] co.id Kapasitas : Tiasa kanggo tamu langkkung ti 100 jalmi Fasilitas : 1 saung 3.5 x 13meter2, 1 saung 3.5 x 5m2, 2 saung 3 x 3m2, 2 saung 2 x 2 m2. Mesjid Baitul Mannan, WC/Paturasan 4. Taman asri, saung diluhureun balong, pamancingan, arkir tiasa kanggo 50 mobil mah. Hargi2 : masih anu pang mirahna kanggo restoran anu sakelas. Pelayanan: Kanggo pengunjung kulawargi, rombongan jumlah teu aya batasna tiasa dilayani, tiasa nginep kanggo rombongan.Insya Allah kapayunan dikembangkeun bungalow. Mohon bantuannaana kapala wargi sadayana kanggo nyebarkeun informasi/bewara ieu ka sadayana wargi urang, tatanggi, kantor saha bae anu resep jalan2 ka wewengkon garut. Sateuacana simkuring sakulawargi ngahaturnkeun nuhun anu teu aya hinggana kana sagala bantosanana para saderek inohong di milis sunda ieu. Insya Allah janten amal ibadah. Mudah2an Allah SWT ngabales kana sagala kasaean saderek sadaya. Di antos kasumpinganana. Wassalamualaikum RM Saricobek Cangkuang Solihat Onyas SN .. ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

