Kang Jalak, Ngomongkeun masalah kujang lain kabeneran, kuring kawarisan 2 kujang ti dua generasi anu beda, ukuranana beda bentukna beda tur maksud nurunkeun warisanana oge beda.
Kujang anu kahiji. -Warisan ti pun bapa anu tegesna ragrag ka si kuring taun 2000-an cenah kuring generasi kaopat nunyekel ieu kujang, artina numimiti nyekel uyut kuring ti bapa. -Gedena teu lewih siga peso dapur -Kujang di jieun tina kuningan, aya tulisana siga arab gundul dina lebah kuningana. -Panyekelna tina bahan tulang sigana, klir hideung semu herang bakating mineng di elapan, dina tungtung panyekel dijieun bentuk hulu maung keur nyerengeh.hehehe.malah aya guratan ngaran bapa kuring dina eta cecekelan. -Khasiat jeung history can pernah dicaritakeun lewih jero ngan ukur aya carita mangsa aya angin putting beliung di lembur kuring, pun bapa nyangsangkeun eta kujang dina luhur kenteng anu di singhareupkeun ka Beulah kidul, atuh cenah angina nu geus ngagulung ti kaler mengkol ka kidul tur teu lila oge leungit (heheh.Kuring sorangan anu boga iman ka Allah SWT, percaya teu percaya.kana eta carita) -Baheula keur di lembur eta kujang kungsi di bungkus ku lawon bodas, saacan kuring jarambah ka Batam oge kungsi nempo di sangsangkeun dina tembok lihur panto. -Ayeuna kujang geus di cekel ku kuring, kungsi di simpen di ruang gawe imah dina tembok tegesna luhureun computer, tapi 2 bulan katukang kungsi ragrag ku pun bojo disimpen dina laci.dugi ka kiwari masih ngahenen dina laci. Kujang anu kadua. -Warisan ti mitoha lalaki, dibikeun mun teu poho 3 taun katukang. -satadina dibungkus lawon bodas, Sakabeh bahan dijieun tina kunigan. -Ukurana leutik pisan sagede cingir urang dewasa. -Ditalatahan kudu disimpeun luhureun palang dada panto utama, tapi kuring teu ngalakonan. -Kujang disimpen dina wadah pulpen dina meja gawe di imah. Sakabeh barang eta kukuring ditarima keur ngahargaan pamere nujadi kolot, ngan ari pikeun nusejenamah teupati diseuriusan teuing. Tapi ayeuna sugan bisa dipake jang pitulung anu ngarigahla urang sunda anu lumpat ka Batam ku Aing di tubless siah..(enya da ban.tubles..) Isukan sugan pareng urang poto kujang nu diimahteh, cag ahhhh. Asep Heriandi Zaika Distro muslimah RedRocket Clothing & Souvenir Sik-Clothing-Batam 08127721788 From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Jalak Pakuan Sent: Thursday, January 31, 2008 12:48 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang Kumaha mun pesen rame-rame kujang. Sukarela tapi maksa nu aktif di kusnet meuli jeung nyarekel kujang. - Saha nu apal kamana pesena; - Sabaraha hargana (nu ekonomis pan ieu mah massal) - Disaina kumaha (pan supaya aya simaan kudu boga ciri urang sunda abad 21) Cag ah Makarya Mawa Raharja _____ Looking for last minute shopping deals? Find <http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http:/tools.search.yahoo.com/newsearch/c ategory.php?category=shopping> them fast with Yahoo! Search.
<<attachment: ~WRD002.jpg>>
<<attachment: image001.jpg>>
<<attachment: image002.jpg>>

