Hehehe, ah henteu Kang. Kamari teh tas ulin ka Simalungun, danau Toba. Eta
kataji ku ulos Batak. Kulantaran ulos dijadikeun bagian tradisi maranehna,
nya nepi ka ayeuna pengrajin ulos masih keneh hirup. Malah di pamondokan
disadiakeun demo ninun ulos. Jadi tetela keur miara tradisi teh, geuning
kudu bisa dikpakaitkeun jeung ekonomi, karek bisa langgeng. Bandingkeun
jeung nasib tinun Majalaya, kumaha geuning kaayaanana. Tah perkara kujang ge
jigana dina raraga ieu, saha nu apal upama tiap lalaki urang Sunda baroga
kujang, jiga kabiasaan urang Bugis mibanda badik, meureun panday bisa hirup,
jadi industri masayarakat. Sugan, hehehe. (mh)

On 2/1/08, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Sinarieun Mh resep kana Kujang? lain mitos jeung ngalieukan ka tukang
> eta teh Mh? hehehe.
>
> manAR
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, mh
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > miluan kang euy pesen, hehehe. tapi nu alus nya, tong nu dikadekeun
> kalah
> > miley. (mh)
> >
> > On 1/31/08, dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > kuring apal ka jalma nu sok nyieunan kujang... sok geura
> kumpulkeun
> > > sabaraha urangna. jeung jieun disain... boh bentuk boh pamor.
> keun lah nego
> > > harga ka nu nyieunna mah urusan uing... kade ulah ngan sapuluh
> duapuluh...
> > > kagok, komo rek nyiri jeung nu boga badik atawa nyarok jeung nu
> boga clurit
> > > mah... moal metu ku barang sakitu... minimal ngaratus meureun meh
> nguntup
> > > mah......
> > >
> > > :))
> > >
> > >
> > > On Jan 31, 2008 12:47 PM, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > > Kumaha mun pesen rame-rame kujang. Sukarela tapi maksa nu
> aktif di
> > > > kusnet meuli jeung nyarekel kujang.
> > > > - Saha nu apal kamana pesena;
> > > > - Sabaraha hargana (nu ekonomis pan ieu mah massal)
> > > > - Disaina kumaha (pan supaya aya simaan kudu boga ciri urang
> sunda abad
> > > > 21)
> > > >
> > > > Cag ah
> > > >
> > > > Makarya Mawa Raharja
> > > > _,___
> > > >
> > >
> > >
> > >
> > > --
> > > d-:
> > > ~karék cénah~
> > >
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke