heuheuheu... atuh da hese diasupkeun kana logika si kuring euy, nu nanda tangan lobaan, ari nu jadi tersangka ngan 1... terus nu nampana kamana ?! keun bae ah disebut GR oge...
mun enya salah mah, kop bae, rek saha-saha wae ge... ngan entong ngalecehkeun logika kitu atuh... keur mah tadina ge si kuring teh teu pati cop ka ketua KPK ayeuna nu mantan jaksa, ditambah tadi peuting pas diwawancara ku Meutia Hafidh, jawabanna luar-leor... ngalecehkeun logika... jadi we napsu... ^_^ ----- Original Message ----- From: dudi herlianto To: [email protected] Sent: Thursday, January 31, 2008 1:30 PM Subject: Re: Kumaha aranjeun?? Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh"? (urang sunda gampang ditalapung)... kang hasan naha enya pedah burhanuddin abdullah urang sunda? asa piraku... masih usum kitu kikituan? lain ku nanaon bisi katerusan... urang sunda gede rasa--GR tea.... asa diomongkeun... nu puguh mah batur ngomongkeun naon. bisi asa ditingali bae... padahal nu itu panonnna 'juling' (halah nepi ka poho kana basa sundana heuheu...)... d GR... cenah sunda teh bodas... nu borontok mah lain... komo hideung eta mah batak (heuheu punten ah bisi aya nu margana sigarantang di dieu :)) ).. ieu mah sisindiran... kamana jalan ka bandung... ka cipularang bisa ka puncak oge jadi... eneng akang bade nyandung.... ka purba rarang nepi ka purba sari (cenah bongan gareulis) .

