Mangga wae ari keukeuh hoyong kitu mah...sok..mangga...Ngan ari abdi mah
rasional wae..ari sigana eta dan anu nepi ka 31.8 milyar keur ka DPR pasti
moal aya tulas tulisna..sareng eta Dewan Direksi lamun bade nyatujuan oge
rapat lisan wae...konsensus...MEUREUN....lamun diserat nganggo tanda tangan
mah..sami sareng maehan sorangan2.....

On 1/31/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>     Ah kewe ngartos henteuna mah ngan mun dewan2an eta biasana nyieun
> kaputusan kabeh kudu nandatangan (call sign). Jadi jititibeh, siji mati mati
> kabeh. BA keuna kabeh nu nandatangan kudu keuna, ulah nyerek tiluan hungkul,
> kaasup BA nu "bageur sok ngabodor" (kitu kesan pagawe na kompas).
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ----- Original Message ----
> From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Wednesday, January 30, 2008 10:07:44 PM
> Subject: Re: Kumaha aranjeun?? Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh"?
> (urang sunda gampang ditalapung)...
>
>  Mendingan ngartos heula detil anu dialaman ku Juragan BA teh...Eta abdi
> mah mani pabalieut aya Gubernur BI sareng aya Dewan Gubernur..naon eta.
> sareng dina raraga ngalola mah pan di BI ngan aya hiji anu kedah tanggel
> jawab kana naon wae anu dilkonan sareng dipegatkeun ku direktur BI. pasn
> cenah ceuk elmu Ngalola mah anu ngusul upami tos disatujuan teu tiasa
> dilepatkeun. .teu tiasa tanggung renteng... Tapi ari masalahna bade
> dilebarkeun kana pidan mah nya tiasa wae .eta pulisi resep nagkep sarerea
> direksi anu kalibet..... Mendingan ngarots heula eta Juragan BA teh di
> "frame up" atanapi kumaha....Pan moal kajadieun siga kieu lamun aya Direktur
> anu ngingetkeun. .sanes ngajongklokkeun. .......
>
> On 1/31/08, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com <[EMAIL PROTECTED]>>
> wrote:
> >
> >     Di lingkunga deukeut tempat gawe kuring tos arapaleun kuring "tebar
> > opini". Kajeun rek dikaitkeun ka sundana atawa ka Unpadna.
> >
> > Kumaha saderek sadayana? (tangtuna kumaha yeuh Paguyuban Pasundan?).
> > Araraya yeuh??!!!
> >
> > Salam,
> > Heulang Saung Galah
> >
> >
> > Makarya Mawa Raharja
> >
> >
> > ----- Original Message ----
> > From: Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com <[EMAIL PROTECTED]>>
> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com <urangsunda@yahoogroups.com>
> > Sent: Wednesday, January 30, 2008 8:54:52 PM
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh"? (urang sunda
> > gampang ditalapung). ..
> >
> >   Hayu atuh geura padungdung, ah. Kieu wae: kudu aya sababaraha strategi
> > nu dirojong ku sababaraha kelompok. Masing-masing kelompok ngagunakeun
> > strategi jeung taktik masing-masing, tapi saluyu jeung strategi lan taktik
> > kelompok sejenna. Oge saluyu dina tujuan jeung udagan akhirna: nanjeurkeun
> > wibawa Sunda, ngabela urang Sunda nu dirogahala, dianiaya. Ayeuna ge tos aya
> > sababaraha kelompok nu berjuang di bidang masing-masing. Dina kasus kang BA
> > aya nu ngabela ku alat (manuver) politik, aya nu ngabela kalayan lembaga
> > hukum. Sigana para wargi KUSNET mah kedah berjuang ngagebregkeun dunia maya
> > ku isu politisasi hukum keur kapentingan pribadi atawa kelompok. Mangga
> > geura kawitan, tapi ulah mung saukur di milis urangsunda wungkul, da ieu mah
> > jelas papada urang keneh.
> >
> > AD
> >
> >
> >
> > ----- Original Message ----
> > From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com>
> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> > Sent: Thursday, January 31, 2008 11:28:38 AM
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh" ? (urang sunda
> > gampang ditalapung). ..
> >
> >   Kuring mah yakin mun urang sunda solid siap nonjok mun aya nu nyabok
> > atawa najong mun aya nu nincak da pasti seler sejen mikir mun rek sagawayah
> > komo nepi ka wani nganiaya urang sunda.
> >
> > Kuring mah ngeundeuk2 babaturan supaya nyimpen/"dipajang" kujang atawa
> > keris sunda (tangguh pajajaran, galuh atawa cirebon) di rohangan di
> > kantorna. Kahiji supaya ulah boga sipat dusun, era komo minder ngaku urang
> > sunda. Kadua supaya aya simaan. Percaya lah mun nyekel kujang atawa
> > keris naek lah "pede"na. Katilu jadi bewara ka seler sejen yen  sunda teh
> > lain ngan ukur boga peuyeum atawa tahu nu beunang dirames-rames.
> >
> > sakitu ti sim kuring
> > Heulang Saung Galah
> >
> >
> > Makarya Mawa Raharja
> >
> >
> > ----- Original Message ----
> > From: Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED] co.id>
> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> > Sent: Wednesday, January 30, 2008 6:18:48 PM
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh" ? (urang sunda
> > gampang ditalapung). ..
> >
> >  bukti nu makin nyata... urang sunda mah gampang ditincek atawa
> > ditalapung.. .
> > kaputusan BI dijieun ku rapat Dewan Gubernur (nu anggotana lain
> > hiji-dua)...
> > tapi nu jadi tersangka ngan BA (jeung 2 kepala biro)... bari jeung BA
> > mah can pernah dipanggil-panggil acan...
> > ari anggota Dewan Gubernur nu lain -na kumaha ?! anggota DPR nu nampa-na
> > kumaha ?!
> >
> > cenah mah ieu perkara teh di"angkat" pedah aya nu boga hasrat gede keur
> > jadi Gubernur BI (pan bulan Mei, rek aya pemilihan deui), tah kabeneran Kang
> > BA masih boga hak ngilu deui ieu pemilihan, jadi we kasusna di-blow up (bari
> > jeung ngan manehna sorangan nu jadi tersangka, tina sakitu rea nu nanda
> > tangan eta kaputusan).. .
> >
> > Ir. Djuanda, alm. dipaehan, urang sunda teu walakaya...
> > Oto Iskandar di Nata, alm. dipaehan, urang sunda teu walakaya...
> > Ginanjar Kartasasmita, ampir2an rek ti gebrus...(duka kumaha terusna)
> > Kang BA, rek ampir tigebrus sosoranganan, kudu kumaha ?! kamana
> > Paguyuban Pasundan ?!
> >
> > mun enya nu dilakukeun ku Kang BA salah, teu meunang diwiji-wiji, teu
> > menang dibeda-beda, kabeh nu terlibat kudu dihukum, tong pedah urang sunda
> > mah sok ngaharephep, nya ngan manehna nu dikorbankeun. .. (komo pan cenah
> > urusan "uang pelicin" keur lancarna UU di DPR teh memang geus umum, berarti
> > kudu loba nu ngilu diadili)
> >
> > mun enya diangkatna kasus ieu lantaran pedah "persaingan" keur pemilihan
> > deui Gubernur BI, gancang kudu dibalikeun kana "jalur"na, sok we bersaing ku
> > cara nu sehat, tong pedah lantaran "bersaing" terus sagala cara dilakukeun..
> > .
> >
> > enyaan urang sunda mah soliter, hirupna sosoranganan. ..
> > sukses tina usaha sorangan, tigebrus oge mawa diri sorangan...
> >
> >
> > ^_^
> >
> >
> >
> >
> >
> > ----- Original Message -----
> > *From:* MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
> > *Subject:* [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh" ?
> >
> >
> >
> > Kuring oge mireng wartos tadi enjing di SCTV, Gubernur
> > BI sareng dua padamel BI janten tersangka "kasus
> > aliran dana 35 milyar ka DPR atas dasar temuan BPK."
> > alamat "piceudeumeun" pikeun jajaran BI yeuh.
> >
> > Repotna teh, Pupuhu BPK tilas Gubernur senior BI,
> > terang pisan seluk beluk kaayaan di BI. Atuh KPK oge
> > meni "segut" ngagarap kasus ieu, da nembe dibenum tea,
> > dina raraga "unjuk prestasi".
> >
> > Urang tingali wae, kumaha tah, jalan carios saterasna.
> > Soalna ari perkara "setoran" ka lembaga terhormat,
> > dina raraga ngalancarkeun proses RUU janten UU mah,
> > ceuk cenah mah tos biasa. Mangga diilo kasus UU
> > ketenagakerjaan, pan harita oge geunjleung, aya unsur
> > aliran dana heunteu sah ti Depnaker kanggo para
> > anggota yang terhormat.
> >
> > Kapungkur oge BI pan keuna kasus BLBI dugi ka
> > triliyunan dana dikocorkeun kanggo para pangusaha.
> > Atuh Gubernur BI (harita) Sudradjat Djiwandono kantos
> > di "meja hijau" keun. Tapi geuning salamet, tiasa
> > "nyingcet".
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmamt uidipura
> > nuju ngalamun meser kurupuk 35 milyar, kumaha
> > ngawadahanana
> > .
> >
> >
> >
> >
> > ------------------------------
> > Never miss a thing. Make Yahoo your 
> > homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
> >
> >
> >
> >
> > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .
> > yahoo.com
> >
> >
> >
> >
> > ------------------------------
> > Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try
> > it 
> > now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ>
> >
> >
>
>
>
> ------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ>
>
> 
>

Kirim email ke