Sugan we atuh ayeuna mah teu aya virus, da tos dihayeuh diubek ku AVG ( nu haratisan...he he...). Hapunten ka Kang Oman salaku panitia Pajemuhan di Unpad sim kuring teu tiasa hadir, pangna mah pas dinten eta teh aya ngobrol di KDKBK (Kelompok Diskusi Kota Bandung Kidul) di bumina Kang Dian Hendrayana, biasa matotoskeun perkara nu nuju dipaju nyaeta perkara Wastu tea. Lumayan nu hadir teh aya Kang Hermawan Aksan, Kang Deni, Kang Cecep ti Tribun Jabar, Kang Abdullah Mustapa sareng ingkang garwa Ceu Aam Amilian tea, Kang Iip oge sareng garwa pleus putrana, sim kuring mah nyorangan we. Hanjakal Kang Irfan Amalee teu tiasa hadir margi nuju ka Garut aya peryogi ngadadak.Ari Kang Dian mah da sahebul bet janten tos ngantosan ti memeh prung. Tos panceg hal Wastu teh bade dipedalkeun. Kanggo perkenalan bade ngamangpaatkeun waktos dina waktos acara Poe Basa Indung engke dina kaping 21 Pebruari, sareng kang Dian tos paheut, manawi tiasa ulubiung sareng panitia inti Poe Basa Indung, da acarana hoyong digelar diluar aula, dina wangun lomba ngawarnaan gambar Wastu ku barudak TK, aya deui ngical marchendise, siga teu sapira pira ge dina wangun pin, emuk gambar Wastu. Upami kabiruyungan bade ngajajarkeun para komikus sina demo ngagambar Wastu. Dina panungtung obrolan Kang Abdullah Mustapa, nyarios lain cenah ari barudak ngora jaman baheula bet bisa nyieun hal anu katingalina siga lalawora tapi sok jadi jugala. Bisa nyieun bank, bisa nyieun penerbitan, bisa nyieun paguyuban, bisa ngayakeun kongres. Padahal apan jaman bareto mah boa leuwih werit manan ayeuna, boa leuwih ripuh batan ayeuna. Sugan teh rek kamana leorna ieu cariosan, geuning brasna kana nyieun buletin, sakamampuhna, sakadugana, teu kudu minangsaraya kasasaha, rereongan ku nu aya ge cukup, sakadugana. Nya disatujuan ku sarerea, unggal nu hadir dibere tugas nyieun tulisan, aya nu hal pahlawan nu asalna ti urang Sunda, aya nu hal Industri Kreatif, aya wawasan geografi urang Sunda, aya nu hal tembang, nya samampuhna tea, jeung daek deuih. Eta tulisan teh kedah tos rengse kaping 17 Pebruari 2008, jadwalna buletin teh kedah tos medal dina awal Maret 2008, duka dina wangun kumaha sareng namina ge teu acan jinek, nganggo basa Indonesia, pertimbanganana pertimbangan praktis nyaeta keur ngawanohkeun Wastu. Bubar ngobrol teh meh jam dua beurang, satuluyna Kang Cecep ka imah, sakalian nganteurkeun si kuring. Tuluy ngobrol deui bae. Ka pajemuhan di wisma Unpad teh sanes teu emut, hapunten da aya acara sanes nu tos janten prioritas ti anggalna, asana nyuhunkeun dipangdugikeun hapunten teu tiasa hadir ka Teh Pupi anu harita nelepon. MSasmita
----------------------------------------------------------------------------------------------------------- Bagi anda Pelanggan TELKOM di wilayah Jabodetabek dan Jawa Timur. Nikmati Hari SABTU & MINGGU Anda untuk Internetan dengan tarif murah TelkomNet Instant, CUMA Rp.100/menit ALL IN (termasuk pulsa telepon). Nomor Akses : 080989999 User name: [EMAIL PROTECTED] Password : telkom Ayo buruan, promo ini cuma berlaku sampai 31 Desember 2007

