geus lila dianti, geus lawas diarep-arep ngeunaan rarancang (konsep) tempat 
meuseuh diri (pendidikan) anu bisa nyaluyukeun tatapakan kearifan budaya lokal 
rejeung kearifan sarta kamajuan budaya anyar anu asup. 

geus hese manggihan tempat meuseuh diri (madrosah) anu bisa ngawinkeun kearifan 
budaya lokal sunda rejeung kabijaksanaan anu ditawarkeun ku islam, nu aya geus 
heubeul karasa jeung katitenan yen dua kakuatan sunda jeung islam silih tuding 
antara hiji jeung anu lainna, silih tunjuk silih salahkeun yen masing-masing 
silih "ngotoran" silih "rusak" pihak anu lain. minangka conto kabandungan 
meureun kumaha islam nuduh musyrik jeung sirik kana budaya ngukus menyan jeung 
cara sukuran anu diwariskeun ti karuhun urang sunda, jeung kumaha anggapan anu 
sakitu "radikal" muncul di sabagian urang sunda, yen asupna islam mangrupakeun 
salah sahiji faktor anu "ngikis" kabudayaan jeung ngaleungitkeun budaya sunda 
warisan karuhun.

patuduh-tuduh anu sabenerna henteu perlu digegedekeun,  mangsa sunda-islam, 
islam-sunda sabenerna bisa leumpang babarengan, bisa jalan sauyunan tur silih 
hargaan. hal anu wajar lamun saterusna aya "asimilasi" aya "kacampuran" aya 
"kompromi" diantara islam jeung sunda. tinggal kumaha kiwari urang anu aya 
diantara kaduana (islam-sunda) bisa wijaksana nerapkeun eusining "ajen inajen" 
(nilai) anu ditawarkeun ku kaduana (islam-sunda).

mangsa kiwari ku kaayaan keur harengheng loba dedengean jeung titingalian anu 
matak "miris" kanu hate, nempo nagri nu gering nangtung ngalanglayung, 
rumanggieung teu puguh arah teu puguh lengkah .... siga tangtungan nu teu boga 
ciri, tangtungan nagri nu teu boga budaya hade, tangtungan nagri anu teu boga 
"jatidiri"....... korupsi, kolusi jeung nepotisme geus lila ngagalaksak 
ngaruksak karaharjaan nagri indonesia. kaadilan geus lila ukur jadi papaes 
langit anu teu kahontal da ngawang-ngawang di jomantara, kamakmuran ukur jadi 
pangbeberah manah sabagean leutik rahayat ieu nagri, jomplang pisan jeung 
"umumna" rahayat anu lara balangsak hirup aya dina katunggaraan.....

dongeng enteng pernah nyaritakeun yen ieu nagri terus-terusan dijajah, ti 
mimiti di jajah bangsa deungeun (walanda-jepang) tepikeun dijajah bangsa 
sorangan (cenah : orde baru model penjajahan dina wanda anu sejen) ..tepi 
dijajah deui ku bangsa deungeun ku cara teu langsung ngaliwatan ngajajah 
ekonomi jeung kabudayaan.......

ayeuna ieu nagri keur dijajah ku "musuh" anu paling beurat tur hese dilawan... 
nyaeta tiap jelma di ieu nagri (umumna) keur dijajah ku diri pribadina 
sorangan. umumna jelma-jelma di ieu nagri jadi jelma anu teu payaan, 
panasbaran, belikan jeung teu kaopan wae intina mah.
batur korupsi, milu korupsi. saeutik kasenggol der diributkeun gegedean, 
tatangga kabeuli motor der hayang leuwih boga mobil, salaki pamajikan loba anu 
teu akur akibatna loba rumah tangga anu burantakan, jelma silih paehan, rampog 
jeung kajahatan meuweuh dimana-mana...... jeung loba carita-carita sejenna anu 
unggal poe, unggal waktu dibewarakeun dina warta-warta unggal TV anu aya di ieu 
nagri....

beu...Gusti... aya naon atuh ieu teh ????.....

hawa nafsu ngurung nalikung ieu nagri, ngepung wakul ti unggal madhab.....
matak miris mun heug diri teu boga iman jeung kayakinan, bisa kabawakeun.
kudu kumaha atuh  ???....

agama di ieu nagri aya 5 macem (kurang leuwih) anu diaku ku pamarentah, jeung 
umumna rahayat ieu nagri anu geus nyieun jeung boga agama ditulis dina KTP 
na... pasti ngagem agama..(naon wae agama na mah)... tapi geuning angger anu 
umum kajadian mah di ieu nagri teh teu weleh tina kagorengan jeung 
kajahatan.... padahal agama mah kabeh oge nitah bener nyarek salah..... teu aya 
agama anu nitah jeung mapagahan ngalakukeun kagorengan di ieu dunya...... 

balik deui ka islam, nu "ngaku" ngagem agama islam jumlahna mayoritas (hartina 
henteu saeutik), tapi naha pacengkadan jeung kabobrokan mental lumangsung lir 
teu aya tedeng aling-aling, geus jadi rahasiah umum nu nyieun kawijakan di 
gedung dewan (wakil rahayat)  nyieun aturan bari nundutan jeung dititipan 
amplop "uang lelah" , nu korupsi make kopeah jeung jilbab, tepikeun ka anu 
maraksiat ngajual diri make pakean muslimah....

naha aya naon atuh ieu teh ???.... 

horeng agama ukur jadi "akuan"... horeng ngaji kitabna ukur "apalan"...horeng 
dibaju takwana ukur "mode" jeung gagayaan...... anu puguh mah lain teu ngalarti 
kanu agama.... lain henteu apal kana aturan agama..... tapi anu puguh mah hate 
jeung rasa poek kalimpudan hawa nafsu sagala di rumpak sagala di dupak..... 
ciri jelma nu kasasar teu eling di temah wadi, teu apal ka jatidiri.....

Pasantren Seni, Pasantren Budaya, Pasantren Implengan.... ngajajap pribadi nu 
hayang nepungan jatidirina, lain nganteur ngapalkeun dalil hadis tapi jajap 
"nagamanahan" rasa.... nepungkeun jirim jeung hakekatna, ngumbar rasa na 
amparan "kasadaran"... sadar dina elingna, eling dina sadarna.......

Pasantren Seni, Pasantren Budaya, Pasantren Implengan.... teu boga niat 
"ngahasilkeun" alumni anu ahli agama ... sabab... ahli agama geus loba anu 
kacaritakeun ngarusak agama, ngajual agama, ngotoran agama....

Pasantren Seni, Pasantren Budaya, Pasantren Implengan.... cukup boga harepan 
bisa ngahasilkeun pribadi-pribadi anu ahli nafakuran kana diri pribadina.

Salam Baktos.

Mang Maya.

www.salakadomas.multiply.com
www.hasanmustapa.wordpress.com
www.kusnet.ning.com

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke