Tadi sore kuring lalajo acara "Telusur" ti stasion TV "LaTivi", nu topikna "Kawin Kontrak Lewat HP". Cenah, ayeuna kawin kontrak antara urang Timur Tengah jeung awewe ti Indonesia, khususna di daerah Sukabumi geus make teknologi canggih, handphone 3G. Biasana carana di kamar hotel, rerencepan, nu nyaksian ukur kolot awewe, panghulu "kajajaden" jeung sang makelar. "ijab Qobul" kawin, make HP 3G, jadi "Si Arab" teu kudu datang ka Indonesia. Make kamera nu disumputkeun, wartawan TV ieu bisa ngarekam kajadianana. Dina rekamanana kadenge aya sora basa Arab jeung basa Indonesia, mas kawinna nu kareungeu 20 juta rupiah ( kurang leuwih 2000 USD). Geus kitu aya ucapan: "Sah ....sah....sah ....". Sigana mah ti panghulu "kajajaden".
Si Awewe nu geus "dikawin kontrak" engke dikirim ku makelar ka Arab, papanggih jeung salaki kontrakna di Tanah Arab. Ceuk makelarna, waktu diwawancara, manehna meunang sabuduereun satengahna ti mas-kawin, jadi lamun 20 juta, manehna meunang antara 9-10 juta rupiah. Hiji usaha nu nguntungkeun. Si Awewe nu dikontrak, alesanana hayang nyenangkeun kolot, ari kolotna boga alesan tinimbang ngablu kaditu-kadieu, mending kawin kontrak , cenah mah jadi boga "masa depan" ...... Salah saurang ketua MUI, waktu diwawancara nyarios, kawin kontrak teu meunang dina Islam, ieu sarua jeung jinah. Komo ceuk aktivis perempuan mah, cenah, salian ti prostitusi oge mangrupakeun perbudakan/ perdagangan manusa. Tapi anehna, sanajan ceuk itu jeung ieu kawin kontrak teh sarua jeung jinah, tapi tetep we "jalan terus". Ceuk acara TV eta, kantong-kantong awewe nu bisa diajak kawin-kontrak aya di daerah Sukabumi jeung Cianjur. Para makelar / calo asruk-asrukan di kampung-kampung di daerah ieu. Terus terang, lalajo acara eta, aya rasa "mentegeg", asa kahina, jeung ambek kapegung, da Sukabumi teh geus asa lembur sorangan, sanajan lembur pamajikan oge. Tapi rek ngambek kasaha, da meureun faktana kitu. Ngan hayang ngurihit ka para inohong di Sukabumi jeung Cianjur, cik lah ngayakeun tindakan, ulah "image" Sukabumi jeung Cianjur teh jadi goreng kieu. Tindakan nu nyata, lain tindakan ukur sakadar slogan ........ Baktos, WALUYA

