Aduh Ua Sas, abdi mah mani nyeredet kana hate eta ningali kujang KT10b eta 
geura pamorna mani atra tetela jiga pakarang buatan jaman baheula. Mung 
nyakitu pan ari penggemar amatir atuh awis teuing sakitu mah, kumaha upami 
diproduksi kujang kualitas "penggemar pemula" bahana manawi anu langkung 
mirah contona besi/perak/kuningan atanapi naon lah pokona mah hade tagogna 
keun kualitas mah engke ge anu tos panatik mah pasti ngudag-ngudag, dina 
tahap awal mah tagog-na sae, produkna gampil mendakanana (seueur), tong 
hilap kemasan (wadahna) sareng cara mulasarana dijelaskeun, pangaos 100 - 
300; 300 - 500; langkung ti 500 mah tos katagori kolektor atuh.
Tiasa bae kanggo segmen ieu mah hak distribusina tiasa bae Ua Sas ku anjeun, 
sok sanos anu ngadamelna mah Kiyai Tapa production,  tapi supados henteu 
ngaganggu reputasi anu tos aya janten disalurkeun ka unit usaha sanes, 
contona tadi Ua Sas ngadamel etelase kujang di pabukon tea.

wassalam,
dudi_ss

----- Original Message ----- 
From: "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, February 08, 2008 12:09 PM
Subject: [Urang Sunda] Perkara meuli Kujang


> Dihenteu-henteu ge sim kuring teh Sekretaris dina Paguyuban Pecinta 
> Kujang,
> ieu organisasi teh memang encan jinek, kakara kitu we kumpul-kumpul bari
> ngawangkong, keur ngawadahan anu mikacinta kujang, hartina mikacinta 
> didieu
> yen kujang "benda budaya" anu geus diaku boh dina pelajaran sakola SD 
> atawa
> ku umum ge, enya kujang teh pakarang tradisional ti Sunda. Lamun enya eta
> teh pakarang urang Sunda nya atuh saeutikna mikawanoh. Tah ngobrol-ngobrol
> teh perkara kitu. Keur saheulaanan, kulantaran can jinek tea, nya can bisa
> nampa kaanggotaan, kakara aanggotaan, eta ge kawatesanan ku anu wawuh
> wungkul jeung nu sok ngilu ririungan bari teu puguh catetanana. Kakara
> embrio Paguyuban.
> Nu jadi pupuhuna Pa Gun-gun, nganjrek di Bandung di Jl.Kuningan Antapani,
> inyana boga koleksi kujang jeung keris, ari kujang mah ukur ratusan lamun
> keris mah ngarebu. Wakil pupuhu Pa Wisnu aya teureuh empu, tukang nyieun
> keris, profesi sapopoena dokter kulit, praktekna di Garut di Jl.Cimanuk
> Ari kuring mah ngan ukur boga hiji kujang teh, eta ge pamere, alus da aya
> pamorna, umurna can lila kakara taunan, nu nyieunna Kiayi Tapa (baca TP
> wancahan tina Tedi Permadi, dosen UPI). Kiayi Tapa salian ti ngajar di UPI
> nya boga kabisa nyieun kujang jeung neuleuman kertas saeh (daluang). 
> Nyieun
> kujangna lain kujang keur dijieun jimat tapi benda budaya anu dialus-alus
> tur jadi barang suvenir Pemda Jabar. Nyieunna gawe bareng jeung pengrajin 
> di
> Ciwidey, ugeranana tujuh atawa lima lapis logam, waja, jeung nikelin.
> Dilipet jadi 6 lipetan, salipet hartina jadi 2 x lima, lamun dua lipet
> hartina 2x2x5 jst.Jadi lamun 6 lipetan 72x5 lapis logam, kulantaran kitu
> jadi alus, pamorna kaciri, sanggeus beres ditempa tuluy di blackening, tah
> ieu mah keur ngaleungitkeun karaha. Salian ti gawe bareng jeung panday,
> saterusna gawe bareng jeung tukang nyarangkaan, ngagagangan, tah ieu ge 
> alus
> deui bae da kaina meunang milih, kaasup kai petingan (poho deui ngaran
> kaina), diukir dina wangun macan keur ngadakom, boh gagang boh sarangkana.
> Hargana teuing mahal teuing henteu nya kira-kira dalapan ratus rebu, eta 
> teh
> geus kaasup kotak keur nyimpen disaput ku buludru. Bisi aya nu bade pesen
> mangga urang dugikeun ka Kang Tedi, ngan ulah ukur hiji atawa dua, mun 
> bisa
> mah leuwih ti sapuluh, jadi kumpulkeun heula saha-saha anu bade pesen.
> Perkara harga mah eta ge kakara ancer-ancer ngan sigana moal leuwih ti
> sakitu, sugan we bisa kurang, ke urang tanyakeun deui ka ingkang rayi 
> Kiayi
> TP...eh Kiayi Tapa (dina aksara Sunda mah TP pan dibaca Tapa)
> Contona tah ieu fotona hasil karya Kiayi Tapa, conto foto teh lain nu
> kuring, nu kuring mah moal diebreh-ebreh da kamari ge aya nu naksir
> majarkeun geus kolot umurna cenah boa ratusan taun, padahal kakara taunan,
> boa can leuwih ti dua taun. Nyimpen soteh tamba kawaranan we, lamun aya 
> mah
> hanyang nyimpen bukuna ngeunaan kujang tapi geuning can aya. Tah ieu ge 
> jadi
> garapan pecinta kujang, hanjakal bahan keur nulis eta can aya, kakara ceuk
> cenah.
>
> MSasmita.
>
>
>
>
> 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke