Halah, meni ngacay euy maca postingan ua sas. Hayangna mah hayang ngan, eta waragadna meni lumayan nya wa!
--- In [email protected], "dudi_ss" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aduh Ua Sas, abdi mah mani nyeredet kana hate eta ningali kujang KT10b eta > geura pamorna mani atra tetela jiga pakarang buatan jaman baheula. Mung > nyakitu pan ari penggemar amatir atuh awis teuing sakitu mah, kumaha upami > diproduksi kujang kualitas "penggemar pemula" bahana manawi anu langkung > mirah contona besi/perak/kuningan atanapi naon lah pokona mah hade tagogna > keun kualitas mah engke ge anu tos panatik mah pasti ngudag-ngudag, dina > tahap awal mah tagog-na sae, produkna gampil mendakanana (seueur), tong > hilap kemasan (wadahna) sareng cara mulasarana dijelaskeun, pangaos 100 - > 300; 300 - 500; langkung ti 500 mah tos katagori kolektor atuh. > Tiasa bae kanggo segmen ieu mah hak distribusina tiasa bae Ua Sas ku anjeun, > sok sanos anu ngadamelna mah Kiyai Tapa production, tapi supados henteu > ngaganggu reputasi anu tos aya janten disalurkeun ka unit usaha sanes, > contona tadi Ua Sas ngadamel etelase kujang di pabukon tea. > > wassalam, > dudi_ss > > ----- Original Message ----- > From: "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> > To: <[email protected]> > Sent: Friday, February 08, 2008 12:09 PM > Subject: [Urang Sunda] Perkara meuli Kujang > > > > Dihenteu-henteu ge sim kuring teh Sekretaris dina Paguyuban Pecinta > > Kujang, > > ieu organisasi teh memang encan jinek, kakara kitu we kumpul- kumpul bari > > ngawangkong, keur ngawadahan anu mikacinta kujang, hartina mikacinta > > didieu > > yen kujang "benda budaya" anu geus diaku boh dina pelajaran sakola SD > > atawa > > ku umum ge, enya kujang teh pakarang tradisional ti Sunda. Lamun enya eta > > teh pakarang urang Sunda nya atuh saeutikna mikawanoh. Tah ngobrol-ngobrol > > teh perkara kitu. Keur saheulaanan, kulantaran can jinek tea, nya can bisa > > nampa kaanggotaan, kakara aanggotaan, eta ge kawatesanan ku anu wawuh > > wungkul jeung nu sok ngilu ririungan bari teu puguh catetanana. Kakara > > embrio Paguyuban. > > Nu jadi pupuhuna Pa Gun-gun, nganjrek di Bandung di Jl.Kuningan Antapani, > > inyana boga koleksi kujang jeung keris, ari kujang mah ukur ratusan lamun > > keris mah ngarebu. Wakil pupuhu Pa Wisnu aya teureuh empu, tukang nyieun > > keris, profesi sapopoena dokter kulit, praktekna di Garut di Jl.Cimanuk > > Ari kuring mah ngan ukur boga hiji kujang teh, eta ge pamere, alus da aya > > pamorna, umurna can lila kakara taunan, nu nyieunna Kiayi Tapa (baca TP > > wancahan tina Tedi Permadi, dosen UPI). Kiayi Tapa salian ti ngajar di UPI > > nya boga kabisa nyieun kujang jeung neuleuman kertas saeh (daluang). > > Nyieun > > kujangna lain kujang keur dijieun jimat tapi benda budaya anu dialus-alus > > tur jadi barang suvenir Pemda Jabar. Nyieunna gawe bareng jeung pengrajin > > di > > Ciwidey, ugeranana tujuh atawa lima lapis logam, waja, jeung nikelin. > > Dilipet jadi 6 lipetan, salipet hartina jadi 2 x lima, lamun dua lipet > > hartina 2x2x5 jst.Jadi lamun 6 lipetan 72x5 lapis logam, kulantaran kitu > > jadi alus, pamorna kaciri, sanggeus beres ditempa tuluy di blackening, tah > > ieu mah keur ngaleungitkeun karaha. Salian ti gawe bareng jeung panday, > > saterusna gawe bareng jeung tukang nyarangkaan, ngagagangan, tah ieu ge > > alus > > deui bae da kaina meunang milih, kaasup kai petingan (poho deui ngaran > > kaina), diukir dina wangun macan keur ngadakom, boh gagang boh sarangkana. > > Hargana teuing mahal teuing henteu nya kira-kira dalapan ratus rebu, eta > > teh > > geus kaasup kotak keur nyimpen disaput ku buludru. Bisi aya nu bade pesen > > mangga urang dugikeun ka Kang Tedi, ngan ulah ukur hiji atawa dua, mun > > bisa > > mah leuwih ti sapuluh, jadi kumpulkeun heula saha-saha anu bade pesen. > > Perkara harga mah eta ge kakara ancer-ancer ngan sigana moal leuwih ti > > sakitu, sugan we bisa kurang, ke urang tanyakeun deui ka ingkang rayi > > Kiayi > > TP...eh Kiayi Tapa (dina aksara Sunda mah TP pan dibaca Tapa) > > Contona tah ieu fotona hasil karya Kiayi Tapa, conto foto teh lain nu > > kuring, nu kuring mah moal diebreh-ebreh da kamari ge aya nu naksir > > majarkeun geus kolot umurna cenah boa ratusan taun, padahal kakara taunan, > > boa can leuwih ti dua taun. Nyimpen soteh tamba kawaranan we, lamun aya > > mah > > hanyang nyimpen bukuna ngeunaan kujang tapi geuning can aya. Tah ieu ge > > jadi > > garapan pecinta kujang, hanjakal bahan keur nulis eta can aya, kakara ceuk > > cenah. > > > > MSasmita. > > > > > > > > > > >

