Dina Wikipediana oge tos dieceskeun, yen Wikipedia teu ngajamin
soheh/henteuna eusi Wikipedia. Sababaraha taun ka tukang, pernah aya
panalungtikan anu ngabandingkeun antara Wikipedia jeung Encyclopedia
Britannica. Lain jore2, ieu panalungtikan dibahas dina majalah petingan
Nature. Hasilna nunjukkeun yen akurasi Wikipedia jeung Ensikl. Britannica
sami bae, komo hususon dina artikel2 ilmiah mah. Ngeunaan kasalahan, sami di
nu duanana ge kapendak aya salahna.

Najan Wikipedia bisa diedit ku sasaha, ieu teu ngandung harti eusina bakal
ngaco. Memang kadang aya nu ngasupkeun embaran2 anu salah, tapi pan bisa
dibenerkeun ku nu sejen. Memang aya nu ngaruksak, tapi da kacondongan umum
mah nunjukkeun yen kabebasan teh condong kana kabebasan anu 'bertanggung
jawab'.

Jadi, mun rek nyebutkeun istilah urang mah, di Wikipedia teh aya mekanismeu
silih asuh silih asah: nu anyar diaping ku nu geus lila, nu salah
dibenerkeun, nu mintul diseukeutan, nu antukna--sakumaha harepan para
kontributorna--ngajanggelek jadi artikel anu hade.

Dina kasus anu didugikeun ku Kang Asep, ti kuring mah hiji bae: kontributor
Sunda sing tarigin dina nanjeurkeun kasajarahan Sunda. Sakumaha anu
ditegeskeun waktos di Wisma Unpad, kontributor sanes anu teu panuju moal
manggapulia mun urang mere rujukan anu soheh (kecuali kontributorna
merekedeweng & boga niat teu bener).

Maju terus, Kang Asep... Ke abdi mah nyusul! hEuheu...

On 2/7/08, MRachmat Rawyani wrote:
>
>   Ieu aya bewara anu netelakeun informasi di wikipedia,
> teu tiasa janten andelan, kumargi tiasa dirobah-robah
> ku saha wae kalayan teu jelas tanggeil walerna.
>

Kirim email ke