Intina mah wikipedia, hususna wikipedia basa Sunda, mangfaat kanggo urang Sunda nya dang Kumi. Kitu deui sareng wikipedia basa kosta ageung mangfaatna kanggo "mempromosikan" kasundaan ka bangsa deungeun, sanes kitu?
Hiji pamundut ti pribados, kumaha upami dang Kumi oge janten kuncen di wikipedia basa Inggris. Aya oknum anu kedah ditakol dina wikipedia basa Inggris teh. Contona tah ieu seratan di handap: (diff) (hist) . . Template:History of Indonesia‎; 01:56 . . (-5) . . Merbabu (Talk | contribs) (Having such a range in this template is riduculous. (Kingdoms of Sunda are actually pretty minor anyway and probably should be removed)) ----- Original Message ---- From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, February 11, 2008 1:35:46 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Wikipedia teu bisa dipercaya? Dina Wikipediana oge tos dieceskeun, yen Wikipedia teu ngajamin soheh/henteuna eusi Wikipedia. Sababaraha taun ka tukang, pernah aya panalungtikan anu ngabandingkeun antara Wikipedia jeung Encyclopedia Britannica. Lain jore2, ieu panalungtikan dibahas dina majalah petingan Nature. Hasilna nunjukkeun yen akurasi Wikipedia jeung Ensikl. Britannica sami bae, komo hususon dina artikel2 ilmiah mah. Ngeunaan kasalahan, sami di nu duanana ge kapendak aya salahna. Najan Wikipedia bisa diedit ku sasaha, ieu teu ngandung harti eusina bakal ngaco. Memang kadang aya nu ngasupkeun embaran2 anu salah, tapi pan bisa dibenerkeun ku nu sejen. Memang aya nu ngaruksak, tapi da kacondongan umum mah nunjukkeun yen kabebasan teh condong kana kabebasan anu 'bertanggung jawab'. Jadi, mun rek nyebutkeun istilah urang mah, di Wikipedia teh aya mekanismeu silih asuh silih asah: nu anyar diaping ku nu geus lila, nu salah dibenerkeun, nu mintul diseukeutan, nu antukna--sakumaha harepan para kontributorna- -ngajanggelek jadi artikel anu hade. Dina kasus anu didugikeun ku Kang Asep, ti kuring mah hiji bae: kontributor Sunda sing tarigin dina nanjeurkeun kasajarahan Sunda. Sakumaha anu ditegeskeun waktos di Wisma Unpad, kontributor sanes anu teu panuju moal manggapulia mun urang mere rujukan anu soheh (kecuali kontributorna merekedeweng & boga niat teu bener). Maju terus, Kang Asep... Ke abdi mah nyusul! hEuheu... On 2/7/08, MRachmat Rawyani wrote: Ieu aya bewara anu netelakeun informasi di wikipedia, teu tiasa janten andelan, kumargi tiasa dirobah-robah ku saha wae kalayan teu jelas tanggeil walerna. ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

