akang nu dipihormat.....
basa teh gambaran rasa......
di sunda aya istilah "malapah gedang" geusan nepikeun rasa ku basa........
di rek-reka "sangkan katingalna siga"....padahal anu nyata "eta"....
mangga wae salira teu nampi cara simkuring ngadugikeun "rasa"...
sakaterang salira sunda teh lembut tutur basana ?.. leres... tapi pan lega
sunda teh ???... aya anu teu nganggo kelembutan basa oge....
memang teu lepat eta pamendak teh, mung punten "bahasa anu dianggo ku simkuring
salira ngartos teu ?... pami ngartos naha bet ngartos? berarti aya basa anu
kitu teh ?... berarti aya anu nganggona ???.....
perkara ayeuna dipake ku kuring, da lain anu ngamimitian..... ti baheula na oge
geus aya basa siga kitu mah...
kuring mah resep basa sunda anu "togmol" ... jujur.... teu aya "tedeng aling
aling".... komo malapah gedang mah (teu penting2 teuing mah, teu dipake).....
tuh tingali basa urang kulon (banten)...... togmol... jujur....
senang hate.... kaluar senang na basa...
ambek ... kaluar ambek....
sedih...kaluar sedih......
tong nigali "syareat" basa na kang.....
tingali mah "hakekat" anu ditepikeunnana.....
nganggo kasauran anu sae ari eusina tai sareng kotoran, ngajahetkeun manah
batur mah kanggo naon ????.....
tong ningali kekecapan anu dianggona kasar, pami eusina nyata mah...prak
maknaan...prak manahan.....
naha teu aya anu karoment teh kana "eusi" anu diadu renyomkeun???..
marurak teh... kulit wungkul....... cik, wantunkeun atuh....lebet sakedik...
korehan... naon esensi anu di dugikeun teh.....
ngarah urang sami-sami tiasa instrosfeksi diri....
hatur nuhun.
nu keur diajar instrospeksi
"yuvie.bjb" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punten, sakaterang abdi, sunda mah lembut tutur bahasana, sanes kitu
parakanca? tos ah ulah iteraskeun, tos seueur teuing nu parase adiluar, pan
urang teh ngiringan milist kanggo nambih baraya, sanes nambihan musuh.
Punten pami lepas saur
Best Regards
Arkhi Roslia Yuvie
----- Original Message -----
From: solihin yusuf
To: [email protected]
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, February 13, 2008 11:30 AM
Subject: Bls: Balasan: Re: Balasan: [Urang Sunda] kang Maya & Web KUsnet
na.
Euleuh mani ragot jigana pami katingali janggelekna
rame papuket ......
Mugia silih asah, silih asih, silih asuh
Sy
Nu Mirengkeun
----- Pesan Asli ----
Dari: AmanK Maya Suara <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Terkirim: Rabu, 13 Febuari, 2008 9:31:25
Topik: Balasan: Re: Balasan: [Urang Sunda] kang Maya & Web KUsnet na.
Emh, enyaan... mani asa "pang sarundana "
Emh, enyaan... mani asa "pang jarasana kana sunda"
Emh, enyaan .. mani asa "pang bogana sorangan sunda teh"
Yeuh, dengekeun... ..
Ku aranjeun rek diaku teu diaku..... aing boga keneh karep, aing boga keneh
hate "nineung jeung nyaah" ka sunda ku "versi aing"...
Sia rek marere kasempetan atawa henteu ka aing....
Aing teu paduli......
Bongan sia oge marawa karep sorangan.... .
Aing oge bisa......
Saruana ?, Ah, kajeun.... ngarah rame !!!
Sukur keur aing mah, aya anu ngeundeuk-ngeundeuk ....
Sangkan rusiah kabuka, sangkan maksud kaboker....
Perkara boga ririungan "teu resmi".... heug..... hampura.....
Enya meureun..... aing teu rumasa menta ijin kanu bogana....
Heh, anu boga..... hampura aing........ ......... .
geus di konci web na oge.... teu dibuka deui........ .....
heug.... puas ??!!!
Perkara aing make email : urangsunda_linglung ......
Pikiraneun eta teh lur !!!
Geus wae atuh, ari sia teu rumasa linglung mah, cicing !!!
Keur aing mah ngaran teh boga harti......
Ngaran teh boga sumanget.... .
Lamun sia nyangka eta ngaran goreng, asa ngalelece... ...
Berarti semet kadinya cara mikir sia....sareukseuk !!!
Teu bisa muka siloka... teu harti.......
Keur aing mah ngaran "urangsunda_ linglung" teh wiwaha....
Keur aing mah ngaran "urangsunda_ linglung" teh mawa sumanget...
Keur aing mah ngaran "urangsunda_ linglung" teh mawa kasadaran...
Keur aing mah ngaran "urangsunda_ linglung" teh mawa siloka....
lain ngaran "kosong" ku harti.....
pikiran lur ..... piraku sia teu ngaku "sunda" ropeaneun ???...
pikiran lur ..... piraku sia teu karasa "sunda" beresaneun ???...
pikiran lur ..... piraku sia teu eling "sunda" ampir kasilih ku junti ???...
Belegug !!!
Linglung teu sarua jeung gelo, salah ngahartikeun sia lur !!!
Linglung ngagambarkeun jelma anu "sadar keur kasasar"....
Linglung di tengah leuweung (poho jalan balik), pasti neangan jalan
kaluar.... satekah polah neang jalan kaluar..... teu gelo kan ???
leuwih deukeut linglung = kapahung !!!
kade euy, kana gelo mah asa jauh.... sabab jalma gelo mah teu boga
"kasadaran kana diri"....
Tah, aing nempo... ayeuna urang sunda kesadaran akan diri "aing sunda" keur
mimiti najeur....rame. .... ngan keukeuh kudu diaku lamun urang siga jelma
"kapahung/linglung" ditengah leuweung neangan jalan kaluar...
eta sababna urang ngobrol, di dieu....
eta sababna urang ngaguar sajarah, didieu....(neangan tapak luluhur)
eta sababna urang adu fikiran di dieu....
Lamun keur teu linglung mah, rek naraon atuh sia teh karikieuan ????
heug, aing budak ngora olol leho.... diaku....
aing gancang ngaheulakeun emosi...diaku. ...
sia ambek..... aing oge bisa ambek......! !!!
cetek lah, ukur ngambek mah aing anu olol leho oge bisa !!!
Nuhun !!!
Aing si Maya.
Tatang Sariman <tams_sariman@ yahoo.com> wrote: Langkung sae deui >e-mail
Amank Maya Suara teh cing atuh sing rada pede, meni nyanyandak >urang sunda
sagala ari mung jadi "urangsunda-
>linglung" mah. Aki tams punten nya, ti basa harita bade kedal ieu teh
teu werat; >tapi lami2 bitu oge yeuh. soalna aki tams ngaraos urang sunda,
samasakali teu >linglung. Punten nya nami teh seueur pisan tapi ulah anu
ngagambarkeun teu >sae. Ari linglung teh sami sareng gelo, sanes???
Kuncen Cimanuk <kang_gibson@ yahoo.com> wrote: > mj <[EMAIL
PROTECTED]> wrte:
>
>
Sampurasun,
Alah siah Mang Maya....!! ceuk uing ge baheula, kudu aya surat izin heula
ngarah dianggap resmi. Komo ari nyangkut "SUNDA" mah, aya anu bogana
siah....!!! aya hak patenna..!! Mun geus kieu pan akhirna mah aya
kamungkinan keuna sangksi "DIBREDEL".. ..!!! Leuwih ti eta, bisa dibui..!!
Matak ari rumasa karek turun gunung mah ulah legeg asa aing..!! kudu boga
tatakrama... !! Mang Maya mah ngaku-ngaku Urang Sunda, tapi teu boga
tatakrama..! !! Matak oge sing nurut kana papatah kolot, dengekeun carek
balarea..!!!
Mun geus kieu kumaha tah? Pan wirang di kolong catang, nya badag nya
panjang....
Geuwat menta hampura kadinyah Mang Maya...!!! Lamun perlu tulis dina
spanduk, pasang unggal pengkolan..! !
Awas lamun teu nurut...!!!
Baktos Kuring
KGB--------- ---
Salam Baktos.
Mang Maya.
www.salakadomas. multiply. com
www.hasanmustapa. wordpress. com
www.kusnet.ning. com
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers
---------------------------------
Internal Virus Database is out-of-date.
Checked by AVG Free Edition.
Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.19.1/1220 - Release Date: 1/11/2008
6:09 PM
Salam Baktos.
Mang Maya.
www.salakadomas.multiply.com
www.hasanmustapa.wordpress.com
www.kusnet.ning.com
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!