haha... mangkana kang ulah disebut basa sunda kasar bisi arembungeun
ngomong... geus wae basa sunda kiteuh. tong kudu dirarangkenan nanahaon, ke
ngagedean jadi lele. leuheung lele dumbo ngeunah digoreng dicoelkeun kana
sambel pecel. kumaha lamun jadi lele koneng? kan biuk... leuheung mun wani
nyebut biuk waduk kumaha lamun ukur wani nyebut bau bungkusan lawon sutra?
haha

geus waktuna jigana basa urang, sunda tea muragkeun jajangkar rasa.....

duh kuring, batur geus bisa hiber ka bulan, sedeng kuring angger we
ngulikbek ngagugulung rasa basa

On Thu, Feb 14, 2008 at 2:35 PM, Agus K PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>   heheh lain kitu kang.. bogana beta aya wae kasar lemes atuh
> ceuk kuring rek kasar rek lemes keun we da' sami-sami basa sunda..
> loba urang sunda hoream ngomong basa sunda gara basana kasar
> contona keluarga pamajikan kuring.. nya ayeuna ku kuring dipaksa sok
> sanajan kasar keukeuh we basa sunda..
> modal urang Garut kaler basana rada beda jeung garut selatan
> kitu tah... ceuk uing eta oge kang...
> kela kang kasar teu uing bisa kudu gentos ku abdi ah.... heheheh
>
> ._,___
>



-- 
d-:
~karék cénah~

Kirim email ke