Dulur-dulur sadaya, dina Féstival Drama Basa Sunda X, aya grup téater
anu pamaénna sadayana tuna nétra. Grupna téh "PALAGAN TÉATER", kalayan
jadwal midangna poé Saptu, 23 Pébruari 2008, Jam 15.45 dugi ka 17.15
WIB, di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No.1,
Bandung. Rarancangna mah PALAGAN TÉATER téh rék ngagelar drama BADOG
karya Dipa Galuh Purba.
Béjana mah karcis dina poé éta geus diborong ku barudak ABG ti hiji
SMA. Tapi… piraku teu kabagéan tempat mah. Dina pagilinggisik ogé teu
masalah ari jeung ABG mah. Hayu urang nongton drama Sunda. Tuna nétra
ogé micinta Sunda!!!

Baktosna
Urang Cupumanik


Kirim email ke