wah sae atuh kang tuna netra oge kedah dipasihan kasempatan.
kang dhipa mah tangtos paling rajin nongton drama.margi salah sawios
pangarangna...komo di sarengan ningali seur ABG ,semangat 45.

muhun paseana asal ulah dugika  di darat.

sapuk kang dhipa.
eh wilujeng  kana naskah BADOG.

salam baktos ka urang milis
eceu

n [email protected], "dhipagaluh" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Nuhun, Dan. Uing keur macaan anu parasea, bras ka dieu. Asa kaingetan,
> enya poe ieu euy maenna teh. Puguh we uing rek lalajo, komo bari rea
> ABG mah. sapanjang festival drama basa Sunda, asa kakara taun ieu aya
> patandang tuna netra.
> Perkara nu parasea, nya hade pisan satungtung PALAGAN WINAYA mah. Asal
> ulah papaseaan nyaan, komo dibabawa ka darat mah. Teu resep uing mah
> ka jalma tukang ngagugulukeun pasea teh, kajaba pasena Palagan winaya
> tea.   
> 
> Baktos ka sadayana (kan Kang Darpan, tong hilap kedah masihan nambut
> laptop ka Neng Pupi, margi dina kamera pengintai katingali Neng Pupi
> ngiring mantuan wew...)
> 
> Baktosna
> 
> Dhipa Galuh Purba
> 
> --- In [email protected], "urang_cupumanik"
> <urang_cupumanik@> wrote:
> >
> > Dulur-dulur sadaya, dina Féstival Drama Basa Sunda X, aya grup téater
> > anu pamaénna sadayana tuna nétra. Grupna téh "PALAGAN TÉATER", kalayan
> > jadwal midangna poé Saptu, 23 Pébruari 2008, Jam 15.45 dugi ka 17.15
> > WIB, di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No.1,
> > Bandung. Rarancangna mah PALAGAN TÉATER téh rék ngagelar drama BADOG
> > karya Dipa Galuh Purba.
> > Béjana mah karcis dina poé éta geus diborong ku barudak ABG ti hiji
> > SMA. Tapi… piraku teu kabagéan tempat mah. Dina pagilinggisik ogé teu
> > masalah ari jeung ABG mah. Hayu urang nongton drama Sunda. Tuna nétra
> > ogé micinta Sunda!!!
> > 
> > Baktosna
> > Urang Cupumanik
> >
>


Kirim email ke