Pers Indonesia Lamokot ku Dosa
-Kado keur Hari Pers Nasional
SATUNGTUNG pers henteu merdeka, tarekah ngabasmi korupsi minangka pagawean
anu mustahil. Eta teh kedal ti Doktor Dr Daniel Kaufmann dina konferensi
internasional "Communication for Development" di Roma, Itali, Jumaah 26 Oktober
2006.
Kawasna pejabat di Indonesia mah, komo di Jawa Barat, bakal jebi, malah boa
ngalelewe kana pamanggih siga kitu teh, rek ti saha wae jolna.
Daniel Kauffmann nu ayeuna nyangking kalungguhan Direktur Global Program di
World Bank Institute, saenyana lain kakara ayeuna wae ngedalkeun pamanggih siga
kitu. Malah di Jakarta ge samemehna kungsi nyarita kitu, basa ceramah di kantor
Partnership, Gedung Surya Jalam M.H. Thamrin, Senen 8 Mei 2006.
Harita ka bangsa urang Kaufmann netelakeun, korupsi lain dosa sajarah atawa
budaya bangsa nu hese dirobahna. Bisa, bisa pisan korupsi teh dibasmi asal
urangna nyaho koncina. Naon atuh koncina? Pers laluasa meunang informasi. Hak
rahayat kana sagala urusan publik dibuka salega-legana. Kitu pokna. Malah
Kaufmann nyindekkeun, di nagara anu persna merdeka, lolongkrang keur ngabasmi
korupsi teh 70 persen, sedengkeun di nagara anu persna ditalikung jeung bisa
disogok, lolongkrang ngabasmi ngan 10 persen.
Profesor Susan Rose-Ackerman, dosen hukum korupsi di Universitas Yale,
Amerika Serikat turta kasohor minangka pakar anatomi korupsi, dina eta
konferensi keneh milu ngengklokan.
Contona, cenah di Peru. Susan Rose ngagambarkeun, duit sosogok ti para
koruptor ka pers di Peru leuwih gede batan ka anggota parlemen. Vladimiro
Montesinos, Kepala Dinas Intelijen Peru jaman pamarentahan Alberto Fujimori,
kaboker nyogok anggota parlemen 15 rebu dolar Amerika Serikat jeung nyogok
juragan TV Channel 2 sangkan teu nyiarkeun kritik para oposisi gedena 500 rebu
dolar Amerika Serikat. Kungsi kaboker deuih nyogok siaran Channel 5 gedena 350
rebu dolar AS jeung siaran Channel 9 gedena 50 dolar AS.
Bandingkeun jeung sosogok ka anggota parlemen anu ngan 15 rebu dolar AS, pan
jauh mela- melu, nya.
Pamanggih Daniel Kaufmann jeung Susan Rose-Ackerman teh saenyana paralel
deuih jeung pamanggih Amaratya Sen, doktor ekonomi ti India nu dileler hadiah
Nobel widang ekonomi taun 1998.
Ceuk Amartya Sen, mun pamarentah hayang ngajait rahayat tina hirupna nu
katalangsara sangkan jadi raharja, taya deui jalanna iwal ti demokrasi
dilarapkeun. Naon wae hak publik minangka hak rahayat kudu jadi enya-enya
milikna, ulah dimonopoli ku birokrasi, atawa kelompok elit kalayan
diskrimnatif. Ti mimiti rayat bulu taneuh nepi ka nu jugala, hakna sarua wae
dina urusan publik mah. Soal hukum, pendidikan, kaamanan, jeung lolongkrang
usaha kudu sarua hakna, teu meunang diwilah-wilah. Ku cara kitu rahayat lain
wae bisa ngamalirkeun aspirasi, tapi bisa jeung prakna ilubiung alias
partisipasi enggoning nanjeurkeun good gavernance tur muarana rahayat jadi
raharja.
Eta tiori-tiori teh jolna lain ti jalma atah-atah. Daniel Kaufmann apan
kungsi mere terapi ka nagara-nagara nu katotol korupsina, tur sukses, copelna
tingkat korupsi nu tadina ngagalaksak jadi ngurangan, contona di Meksiko jeung
Argentina. Atuh Profesor Susan Rose-Ackerman nu nulis buku "Corruption and
Government: Causes, Consequences and Reform", jadi bahan rujukan para aktivis
jeung pamarentah nu enya-enya hayang ngabasmi korupsi..
Kitu deui Amartya Sen. Ieu dosen ekonomi di Universitas Cambridge teh apan
meunang nobelna ge sasat tina hasil ulikanana dina soal kamiskinan patalina
jeung demokrasi di Asia jeung Afrika.
Ceuk Amartya, rahayat saperti di Afrika jeung di Asia nu hirupna kacida
katalangsarana, saenyana lain lantaran ngedul gawe jeung walurat kaparigelan,
tapi lantaran struktur pamarentahan ngabekem hak rahayat. Rahayat purah
dibobodo nepi ka teu bisa minge.
Contona, di nagara Afrika jeung Asia, malah Indonesia, nagarana saenyana
surplus ku beas jeung bahan pangan, tapi kunaon kahirupan rahayatna bet miskin,
malah di sababaraha nagara Afrika mah nepi ka nandangan lapar.
Di urang ge apan teu kurang-kurang rahayatna kungsi nandangan lapar. Hartina,
aya nu salah. Sabada diulik, Amartya nyindekkeun tetela pasualanana teh
demoktrasi dipeungpeuk. Balukarna, distribusi pangan diulinkeun ku kaom elite
politik jeung birokrat. Temahna, nya korupsi weh mahabu.
Rek percaya rek henteu kana eta tiori, urang kudu beunta. Jaman Soeharto
kumawasa di alam orde baru, apan pers sakitu dikekesekna. Hasilna, korupsi di
Indonesia luar biasa ngagalaksakna. Di Filipina jamanna Ferdinand Marcos sarua,
nyakitu deui di Chili jamanna Augusto Pinochet. Kulantaran jaman peteng, pers
teu dosa teuing. Kabuktian pers anu nekad wangkelang umurna teu manjang,
langsung dikubur. Kaalaman ku Indonesia Raya, majalah Tempo, jeung Detik. Tempo
bisa hudang ti alam kubur di sabada kakawasaan Soeharto tiwas.
Ayeuna, sasatna di alam reformasi, pers geus henteu ditalikung deui ku Surat
Ijin Usaha Penerbitan Pers (SIUPP). Asal boga modal jeung sumber daya manusa,
bisa langsung prak, malah dijamin ku Undang-undang Pers no 40 taun 1999. Malah
teu saeutik anu modal nekad ge. Terbitna kalan-kalan, wartawanna
sakaparan-kaparan.
Ngan tetela, sanajan teu katalikung ku SIUPP ge, kasakit korupsi kawas nu
ngahajakeun. Mun di jaman orde baru mah nu korupsi teh urang Jakarta, atawa
urang provinsi, ayeuna sasatna nepi ka pilemburan, ka tingkat desa nepi ka
tingkat RT. Teu aneh mun korupsi dipilampah samiuk siga skandal dana kaveling
nu di DPRD Jabar periode 1999-2004.
Ironisna, korupsi nerekab nepi ka pilemburan teh dibarung ku pers sasatna
pabalatak. Itung geura ayeuna harian aya sabaraha, mingguan boh tabloidna boh
majalahna, dwi mingguan. Eta teh nu basa Indonesia, ayeuna nu basa daerahna,
kaasup basa Sunda tangtuna. Can televisina jeung radio.
Tapi mun diimeutan deui, munasabah mun para koruptor laluasa ngeruk duit
rahayat teh da persna siga teu boga katineung ngabasmi korupsi. Televisi ngadu
geulis paheula-heula nyiarkeun gosip selebritis, nepika kelek jarawatan ge
kawasna teh jadi berita heboh. Ari pajabat atawa polisi korupsi mah ngahephep
we. Kitu deui media citakna, nu ngaleuya teh media nu paboro-boro ngamuat
sabangsaning hobi atawa hiburan, korupsi mah dianggapna lain berita nu matak
payu jualeun. Geus karuhan pers anu nyensor maneh jeung pers anu ngajual diri
mah.
Ngabandungan mahabuna korupsi jaman ayeuna, estu matak ngahelas. Mun hayang
boga tekad siga anu dikedalkeun ku Daniel Kauffmann, kudu ti mana atuh
ngamimitianana. Enya ge ayeuna di urang aya Komisi Pemberantasan Korupsi, ari
persna siga kieu patut mah, nu puguh kalah milu lamokot ku dosa. Tetela, euweuh
SIUPP teh teu jadi jaminan pers gede kaludeung. *
Tafakur ti idek liher bobolokot dina dunya pers
Cecep Burdansyah
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.