Asana teh perkara koprupsi ieu, teu tiasa ditingali
ngan sakadar ti "sudut pandang tidak ada kebebasan
pers yang". Maksad teh, kebebasan pers sanes faktor
anu paling dominan, atanapi janten hiji variabel
independen. Margi upami nyaliksik kaayaan di Singapura
sareng Malaysia, pan teu aya kabebasan pers, tapi
geuning ma'mur. Kitu deui nagri cina ayeuna, ekonomina
maju tapi asana teh kabebasan persna masih kakantun
jauh dibandingkeun sareng di Indonesia.
Kapungkur kantos dialungkeun di babakan ieu, ringkesan
disertasi perkawis korupsi, disertasina Kang Dede
Mariana. Cik, kang Dede mangga dipedar hasil
panalungtikan perkara korupsi di Jawa Barat.
baktos,
mrachmat uidipura
kakawasaan teh sok condong korup
--- ncep tribun <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Pers Indonesia Lamokot ku Dosa
> -Kado keur Hari Pers Nasional
>
> SATUNGTUNG pers henteu merdeka, tarekah ngabasmi
> korupsi minangka pagawean anu mustahil. Eta teh
> kedal ti Doktor Dr Daniel Kaufmann dina konferensi
> internasional "Communication for Development" di
> Roma, Itali, Jumaah 26 Oktober 2006.
>
> Kawasna pejabat di Indonesia mah, komo di Jawa
> Barat, bakal jebi, malah boa ngalelewe kana
> pamanggih siga kitu teh, rek ti saha wae jolna.
>
> Daniel Kauffmann nu ayeuna nyangking kalungguhan
> Direktur Global Program di World Bank Institute,
> saenyana lain kakara ayeuna wae ngedalkeun pamanggih
> siga kitu. Malah di Jakarta ge samemehna kungsi
> nyarita kitu, basa ceramah di kantor Partnership,
> Gedung Surya Jalam M.H. Thamrin, Senen 8 Mei 2006.
>
> Harita ka bangsa urang Kaufmann netelakeun,
> korupsi lain dosa sajarah atawa budaya bangsa nu
> hese dirobahna. Bisa, bisa pisan korupsi teh dibasmi
> asal urangna nyaho koncina. Naon atuh koncina? Pers
> laluasa meunang informasi. Hak rahayat kana sagala
> urusan publik dibuka salega-legana. Kitu pokna.
> Malah Kaufmann nyindekkeun, di nagara anu persna
> merdeka, lolongkrang keur ngabasmi korupsi teh 70
> persen, sedengkeun di nagara anu persna ditalikung
> jeung bisa disogok, lolongkrang ngabasmi ngan 10
> persen.
>
> Profesor Susan Rose-Ackerman, dosen hukum korupsi
> di Universitas Yale, Amerika Serikat turta kasohor
> minangka pakar anatomi korupsi, dina eta konferensi
> keneh milu ngengklokan.
> Contona, cenah di Peru. Susan Rose ngagambarkeun,
> duit sosogok ti para koruptor ka pers di Peru leuwih
> gede batan ka anggota parlemen. Vladimiro
> Montesinos, Kepala Dinas Intelijen Peru jaman
> pamarentahan Alberto Fujimori, kaboker nyogok
> anggota parlemen 15 rebu dolar Amerika Serikat jeung
> nyogok juragan TV Channel 2 sangkan teu nyiarkeun
> kritik para oposisi gedena 500 rebu dolar Amerika
> Serikat. Kungsi kaboker deuih nyogok siaran Channel
> 5 gedena 350 rebu dolar AS jeung siaran Channel 9
> gedena 50 dolar AS.
>
> Bandingkeun jeung sosogok ka anggota parlemen anu
> ngan 15 rebu dolar AS, pan jauh mela- melu, nya.
>
> Pamanggih Daniel Kaufmann jeung Susan
> Rose-Ackerman teh saenyana paralel deuih jeung
> pamanggih Amaratya Sen, doktor ekonomi ti India nu
> dileler hadiah Nobel widang ekonomi taun 1998.
>
> Ceuk Amartya Sen, mun pamarentah hayang ngajait
> rahayat tina hirupna nu katalangsara sangkan jadi
> raharja, taya deui jalanna iwal ti demokrasi
> dilarapkeun. Naon wae hak publik minangka hak
> rahayat kudu jadi enya-enya milikna, ulah dimonopoli
> ku birokrasi, atawa kelompok elit kalayan
> diskrimnatif. Ti mimiti rayat bulu taneuh nepi ka nu
> jugala, hakna sarua wae dina urusan publik mah. Soal
> hukum, pendidikan, kaamanan, jeung lolongkrang usaha
> kudu sarua hakna, teu meunang diwilah-wilah. Ku cara
> kitu rahayat lain wae bisa ngamalirkeun aspirasi,
> tapi bisa jeung prakna ilubiung alias partisipasi
> enggoning nanjeurkeun good gavernance tur muarana
> rahayat jadi raharja.
>
> Eta tiori-tiori teh jolna lain ti jalma atah-atah.
> Daniel Kaufmann apan kungsi mere terapi ka
> nagara-nagara nu katotol korupsina, tur sukses,
> copelna tingkat korupsi nu tadina ngagalaksak jadi
> ngurangan, contona di Meksiko jeung Argentina. Atuh
> Profesor Susan Rose-Ackerman nu nulis buku
> "Corruption and Government: Causes, Consequences and
> Reform", jadi bahan rujukan para aktivis jeung
> pamarentah nu enya-enya hayang ngabasmi korupsi..
>
> Kitu deui Amartya Sen. Ieu dosen ekonomi di
> Universitas Cambridge teh apan meunang nobelna ge
> sasat tina hasil ulikanana dina soal kamiskinan
> patalina jeung demokrasi di Asia jeung Afrika.
>
> Ceuk Amartya, rahayat saperti di Afrika jeung di
> Asia nu hirupna kacida katalangsarana, saenyana lain
> lantaran ngedul gawe jeung walurat kaparigelan, tapi
> lantaran struktur pamarentahan ngabekem hak rahayat.
> Rahayat purah dibobodo nepi ka teu bisa minge.
> Contona, di nagara Afrika jeung Asia, malah
> Indonesia, nagarana saenyana surplus ku beas jeung
> bahan pangan, tapi kunaon kahirupan rahayatna bet
> miskin, malah di sababaraha nagara Afrika mah nepi
> ka nandangan lapar.
>
> Di urang ge apan teu kurang-kurang rahayatna
> kungsi nandangan lapar. Hartina, aya nu salah.
> Sabada diulik, Amartya nyindekkeun tetela
> pasualanana teh demoktrasi dipeungpeuk. Balukarna,
> distribusi pangan diulinkeun ku kaom elite politik
> jeung birokrat. Temahna, nya korupsi weh mahabu.
>
> Rek percaya rek henteu kana eta tiori, urang kudu
> beunta. Jaman Soeharto kumawasa di alam orde baru,
> apan pers sakitu dikekesekna. Hasilna, korupsi di
> Indonesia luar biasa ngagalaksakna. Di Filipina
> jamanna Ferdinand Marcos sarua, nyakitu deui di
> Chili jamanna Augusto Pinochet. Kulantaran jaman
> peteng, pers teu dosa teuing. Kabuktian pers anu
> nekad wangkelang umurna teu manjang, langsung
> dikubur. Kaalaman ku Indonesia Raya, majalah Tempo,
> jeung Detik. Tempo bisa hudang ti alam kubur di
> sabada kakawasaan Soeharto tiwas.
>
> Ayeuna, sasatna di alam reformasi, pers geus
> henteu ditalikung deui ku Surat Ijin Usaha
> Penerbitan Pers (SIUPP). Asal boga modal jeung
> sumber daya manusa, bisa langsung prak, malah
> dijamin ku Undang-undang Pers no 40 taun 1999. Malah
> teu saeutik anu modal nekad ge. Terbitna
> kalan-kalan, wartawanna sakaparan-kaparan.
>
> Ngan tetela, sanajan teu katalikung ku SIUPP ge,
> kasakit korupsi kawas nu ngahajakeun. Mun di jaman
> orde baru mah nu korupsi teh urang Jakarta, atawa
> urang provinsi, ayeuna sasatna nepi ka pilemburan,
> ka tingkat desa nepi ka tingkat RT. Teu aneh mun
> korupsi dipilampah samiuk siga skandal dana kaveling
> nu di DPRD Jabar periode 1999-2004.
>
> Ironisna, korupsi nerekab nepi ka pilemburan teh
> dibarung ku pers sasatna pabalatak. Itung geura
> ayeuna harian aya sabaraha, mingguan boh tabloidna
> boh majalahna, dwi mingguan. Eta teh nu basa
> Indonesia, ayeuna nu basa daerahna, kaasup basa
> Sunda tangtuna. Can televisina jeung radio.
>
> Tapi mun diimeutan deui, munasabah mun para
> koruptor laluasa ngeruk duit rahayat teh da persna
> siga teu boga katineung ngabasmi korupsi. Televisi
> ngadu geulis paheula-heula nyiarkeun gosip
> selebritis, nepika kelek jarawatan ge kawasna teh
> jadi berita heboh. Ari pajabat atawa polisi korupsi
> mah ngahephep we. Kitu deui media citakna, nu
> ngaleuya teh media nu paboro-boro ngamuat
> sabangsaning hobi atawa hiburan, korupsi mah
> dianggapna lain berita nu matak payu jualeun. Geus
> karuhan pers anu nyensor maneh jeung pers anu
> ngajual diri mah.
>
> Ngabandungan mahabuna korupsi jaman ayeuna, estu
> matak ngahelas. Mun hayang boga tekad siga anu
> dikedalkeun ku Daniel Kauffmann, kudu ti mana atuh
> ngamimitianana. Enya ge ayeuna di urang aya Komisi
> Pemberantasan Korupsi, ari persna siga kieu patut
> mah, nu puguh kalah milu lamokot ku dosa. Tetela,
> euweuh SIUPP teh teu jadi jaminan pers gede
> kaludeung. *
>
>
> Tafakur ti idek liher bobolokot dina dunya pers
> Cecep Burdansyah
>
>
> ---------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them
> fast with Yahoo! Search.
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs