geus poe jumaah yeuh, poean balik, bisi kaburu tinggaleun jejer, uing mah
rek miheulaan bae ah...

mimitina mah MJ ngingetkeun Gan Maya ngeunaan label 'kusnet' dina
kusnet.ning.com. Ceuk kuring
MJ bener, padahal mah kari ngomong we, menta widi migunakeun label kusnet,
asajan pisan masalahna
mah. Najan euweuh dina daptar HAKI, nya silih ajenan bae. kadieunakeun,
teuing kumaha mimitina, bet los2 kana dalaptar jadi urang Sunda. Geus lah nu
kituna mah teu kudu diteruskeun, *kawas bodor wae*.

Tah, ngeunaan Gan Maya, kuring sabenerna mah langsung naksir, *
kajaring birahi kapentang asmara* lah ceuk Rahwana tea mah, ti barang nyaho
manehna jago nginternet. "*Mun dijadikeun kuncen loka urangsunda.or.id,
sigana cocog yeuh!*" ceuk uing, tapi disidem keneh, antukna kapopohokeun.
Kageuing deui teh pas maca surat MJ, atuh uing teh langsung bae nyuratan
hususon ngalamar Gan Maya sakumaha angen2 kuring ti heula. Kuring nawaran
atawa ngusulkeun, kumaha mun bentuk loka anu di ning.com teh dihijikeun,
diasupkeun ka urangsunda.or.id. Teknisna mah kateuing bisa atawa henteu, da
uing mah teu ngarti. Harita Gan Maya teu langsung nyanggupan atawa nolak,
nya kuring ge ngarti, komo deuih kaburu rungsing ku situasi yg semakin
memanas, kaayaan nu beuki harengheng di milis. Hanjakal deuih,
kusnet.ningnong.com kaburu dihapus (mun enya), lebar temen, padahal
komunitas di dinya teh tos beuki euyeub. Karunya atuh ka nu tos ngeuyeuban
eta komunitas, jauh jauh ge pada ngadongdon.

Terus, ngeunaan perasaan anu geus kadung raheut, getih nu geus
ngucur, ambek nyedek tanaga midek, geus ayeuna mah urang nariis heula.
Kuring yakin sayakin-yakinna, teu aya hiji oge ti warga milis anu maksud
ngajaheutkeun hate batur, henteu oge aya nu ngarasa pang'aingna. Kitu kieu
soteh estuning tina niat hayang ngamajukeun bangsa urang, nu tangtu ku
carana sewang2an. Aki Tams ngagitik masalah linglung, teu kedah janten
beban. tangtu lain rek ukur moyok atawa ngahinakeun, teu mungkin aki-aki
beuki keneh puyak-poyok. Heheh...

Ngeunaan basa, ah da enggeus kamari ge nu ieu mah, moal rek papanjangan deui
ah bisi melag. Punten ka para sesepuh, boh kuncen atanapi sanes, teu
pisan-pisan kuring maksud mapatahan ngojay ka teri. ieu mah estuning
didasaran ku kasieun tinggaleun jejer, dumeh poe jumaah teh biasana poe
panungtungan kuring nyabak internet. Bisi pas ditinggalkeun ngumbah keris,
ieu lembur kahuruan. Uing ke teh nu ditundung teu tanggung jawab, sabab uing
teh kaasup kuncen (najan benclung & kurang jembar ge).

Pikeun ieu jejer, kuring salaku kuncen #5 moal mairan deui. Nuhun. Bagea!

-- 
sikandar
su.wikipedia.org
www.urang-sunda.or.id

Kirim email ke