geus poe jumaah yeuh, poean balik, bisi kaburu tinggaleun jejer, uing mah rek miheulaan bae ah...
mimitina mah MJ ngingetkeun Gan Maya ngeunaan label 'kusnet' dina kusnet.ning.com. Ceuk kuring MJ bener, padahal mah kari ngomong we, menta widi migunakeun label kusnet. basajan pisan masalahna mah, malah geus aya contona: kusnet di multiply atawa prenster. Najan euweuh dina daptar HAKI, nya silih ajenan bae. kadieunakeun, teuing kumaha mimitina, bet los2 kana dalaptar jadi urang Sunda. Geus lah nu kituna mah teu kudu diteruskeun, *kawas bodor wae*. Tah, ngeunaan Gan Maya, kuring sabenerna mah langsung naksir, * kajaring birahi kapentang asmara* lah ceuk Rahwana tea mah, ti barang nyaho manehna jago nginternet. "*Mun dijadikeun kuncen loka urangsunda.or.id, sigana cocog yeuh!*" ceuk uing, tapi disidem keneh, antukna kapopohokeun. Kageuing deui teh pas maca surat MJ, atuh uing teh langsung bae nyuratan hususon ngalamar Gan Maya sakumaha angen2 kuring ti heula. Kuring nawaran atawa ngusulkeun, kumaha mun bentuk loka anu di ning.com teh dihijikeun, diasupkeun ka urangsunda.or.id. Teknisna mah kateuing bisa atawa henteu, da uing mah teu ngarti. Harita Gan Maya teu langsung nyanggupan atawa nolak, nya kuring ge ngarti, komo deuih kaburu rungsing ku situasi yg semakin memanas, kaayaan nu beuki harengheng di milis. Hanjakal deuih, kusnet.ningnong.com kaburu dihapus (mun enya), lebar temen, padahal komunitas di dinya teh tos beuki euyeub. Karunya atuh ka nu tos ngeuyeuban eta komunitas, jauh jauh ge pada ngadongdon. Terus, ngeunaan perasaan anu geus kadung raheut, getih nu geus ngucur, ambek nyedek tanaga midek, geus ayeuna mah urang nariis heula. Kuring yakin sayakin-yakinna, teu aya hiji oge ti warga milis anu maksud ngajaheutkeun hate batur, henteu oge aya nu ngarasa pang'aingna. Kitu kieu soteh estuning tina niat hayang ngamajukeun bangsa urang, nu tangtu ku carana sewang2an. Aki Tams ngagitik masalah linglung, teu kedah janten beban. tangtu lain rek ukur moyok atawa ngahinakeun, teu mungkin aki-aki beuki keneh puyak-poyok. Heheh... Ngeunaan basa, ah da enggeus kamari ge nu ieu mah, moal rek papanjangan deui ah bisi melag. Punten ka para sesepuh, boh kuncen atanapi sanes, teu pisan-pisan kuring maksud mapatahan ngojay ka teri. ieu mah estuning didasaran ku kasieun tinggaleun jejer, dumeh poe jumaah teh biasana poe panungtungan kuring nyabak internet. Bisi pas ditinggalkeun ngumbah keris, ieu lembur kahuruan. Uing ke teh nu ditundung teu tanggung jawab, sabab uing teh kaasup kuncen (najan benclung & kurang jembar ge). Pikeun ieu jejer, kuring salaku kuncen #5 moal mairan deui. Nuhun. Bagea! -- sikandar su.wikipedia.org www.urang-sunda.or.id

