--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Lamun nulis Buku Onong Nugraha, karasa ambigu, sabab bisa
dihartikeun buku beunang Onong Nugraha, padahal maksud teh Buku
ngeunaan Onong Nugraha beunang Drs Haryadi Suadi.
> Pikeun anu resep maca majalah Mangle, komo mun ti beh ditu mula,
tangtu bakal aya rasa kasengsrem ku ilustrasi beunang Onong Nugraha.
Ceuk sawareh nu telek, lukisan Onong teh nyunda pisan, boh kasang
tukang alamna, boh keureut beungeut, boh suasana anu dibangun ku eta
gambar. Aya beja cenah lamun carita nyambung atawa carita pondok
dibere ilustrasi ku Onong Nugraha, eta teh lir mere tanda yen
kualitas eta carita kaasup alus, nepi ka kungsi aya pangarang anu
keukeuh hayang dibere ilustrasi ku Onong Nugraha.
> Keur kuring nu kacida awamna kana senirupa, neuteup gambar beunang
Onong Nugraha karasa aya geter anu matak pikabetaheun, duka teuing
pedah gambarna mun awewe sok geulis mun lalaki sok kasep, sigana
salah sahiji nu matak kitu nyaeta gambar beunang Onong beunghar ku
detil. Sanajan sakapeung sok mangrupa siluet, tapi tetep beunghar ku
detil. Salian ti eta, samemeh nyieun ilustrasi, misalna tina hiji
carpon, Onong maca eta carita kalawan gemet, lain ngan sakadar
dijojoan, nepi beunang karakterna, kakara dijieun ilusterasina saluyu
jeung sawanganana kana eta carita.
> Pikeun ngahargaan kana karya Onong Nugraha, Drs Haryadi Suadi
nyeiun hiji buku anu judulna Onong Nugraha, Sebuah Riak Dalam
Gelombang Sejarah Seni Ilustrasi Di Indonesia, anu disokong ku Dewan
Kesenian Daerah Jawa Barat, medal taun 2000. Hanjakalna buku ieu
sigana dicitak teu loba, da kungsi neangan ampir sataun teu manggih,
kakara dina taun 2005 manggih, eta ge bari rada hese. Sihoreng di
jumlah jamleh aya 5 siki, gerentes hate nu tilu mah aya alusna
disumebarkeun ka anu sejen.
> Kukituna bilih aya nu peryogi ku buku ieu aya keneh 3 siki deui,
ukuran buku 24,5 x 21 cm, 152 kaca. Eusina aya 6 bab, ti ngawitan
saulas saha ari Onong, diajar ngalukis (Masa Otodidak). Malah dina
Bab 4 mah dijudulan Para Ilustrator Di Tatar Sunda Dari Masa Ke Masa,
disebatkeun ti Angkama nu sok jadi ilustrator dina majalah
Parahiangan samemeh merdeka dugi ka mangsa kiwari (sahenteuna dugi ka
taun 2000). Pangaosna ieu buku 55rebu teu acan ongkos kirim, eusina
euyeub ku conto-conto ilustrasi Onong Nugraha. Upami bade ngajapri
bae ka sim kuring.
>
> MSasmita.
> He he keur diajar jualan buku,
Ass. Wr. Wb.
Hapunten, cobi atuh sasiki mah hoyong dikintunkeun ka abdi sareng
kedah kumaha dugina eta buku teh ka pemesanna.
Hatur Nuhun,
Sunarya
Email : [EMAIL PROTECTED]
Product Assurance
Alamat: PT Goodyear Indonesia
Jl. Pemuda 27 - Bogor 16161
>