Dina ping 4 Pebruari ngadadak teu disangka Hugo Chavez maot. Sabab
musababna teu jelas. Kukituna Syamsul Maarif, tilas Wakil Ketua DPR RI
shok dugi ka udur sareng diopname . Sigana kapipikiran eta maotna Hugo
Chavez teh. Dina unggal kasempetan dibesuk manehna ngadongeng
tutuluyan ata kumaha hebatna Hugo Chavez, ngan hanjakal tepi teu
disangka ninggalkeun anjeunna ti payun. Kulantaran panasaran aya
korsponden media anu panasaran..naroskeun, sabaraha nileyna Hugo
Chavez teh..Ceuk anjeunna cenah 250 juta perak, da Hugo Chavez mah
istuning Manuk Murai anu sae teu aya bandingna... Beungharnya anggota
DPR urang meuli manuk ge 1/4 milyard perak.