Ari sugan teh Hugo presiden .
  Geningan ngan " saukur manuk" .
   
  Beu istuning juragan Syamsul.
  Nu matak jadi heran keur kuring mah, eta tara aya riuk riuk  era atawa salah 
tingkah sanajan kanyahoan ku umum ningali kakayaannana  anu sakitu anehna 
teh.Manukna wae 250 juta. ( komo manukna sorangan nya . he.he. Murah meureun nu 
eta mah da teu bisa hiber).
  Eh ketang  nu aneh mah, mun ayeuna aya anggota DPR anu sangsara, anu ka 
kantorna  mawa tas butut jeung naek angkot.
   
  Malah ieu mah jadi sabaralikna. Rareueus we kawasna tehkanyahoan manehna 
beunghar teh.
  Kawas moal ditanya eta perkara manuk tek engkena  di akherat ku Pangeran.
  Heueuh, manuk paeh  ngakibatkeun manehna shok, tapi  lamun aya rakyat , anu 
ngawakilkeunana maot kusabab kalaparan ih nagen  we teu kireum kireun.
  Dunya.... dunya. 
  Urang bubarkeun wae kitu lembaga DPR teh. he..he..he   bet jadi meupeus 
keuyang kieu nya. Biasa  ari poe senen mah sok rea anu karasa

H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Dina ping 4 Pebruari ngadadak teu disangka Hugo Chavez maot. Sabab
musababna teu jelas. Kukituna Syamsul Maarif, tilas Wakil Ketua DPR RI
shok dugi ka udur sareng diopname . Sigana kapipikiran eta maotna Hugo
Chavez teh. Dina unggal kasempetan dibesuk manehna ngadongeng
tutuluyan ata kumaha hebatna Hugo Chavez, ngan hanjakal tepi teu
disangka ninggalkeun anjeunna ti payun. Kulantaran panasaran aya
korsponden media anu panasaran..naroskeun, sabaraha nileyna Hugo
Chavez teh..Ceuk anjeunna cenah 250 juta perak, da Hugo Chavez mah
istuning Manuk Murai anu sae teu aya bandingna... Beungharnya anggota
DPR urang meuli manuk ge 1/4 milyard perak.


                         

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke