nu jentre mah, kusnet teh lalandihan milis [email protected] tulisan eta mun make pikiran atawa anggapan nu ditanyakeun ku kang gibson, naha kusnet teh ngawengku kabeh urang sunda nu iinternetan. atawa klaim (claim) yen kusnet teh dianggap sadaya us nu iinternetan.
sikep si kuring ieu klaim,aakuan. kusnet ngaran atawa lalandihan milis [EMAIL PROTECTED] bade ngadamel klaim deui mangga. ngan cek kuncen opat, nya atuh naon hesena ngabejaan atawa usul kuring make tambahan tulisan. kungsi diondang asup ka web eta, malah kungsi milu jadi tamu, ngan teu noong gemet naon ngarana-da biasana mah ngaran sejen ongkoh. atawa dud, kumaha saderek tukang bandrek we :) keur sakuringeun nya? demokrasi teh naon? salah sahiji nu si kuring apal, demokrasi teh koncina-dina kahirupan sapopoe- pindah cai pindah tampian. teu bisa adat inggris -nu teu luyu di urang dipake di urang. ngajenan batur, silih ajenan, tapi teu mawa karep sorangan. teu peperejelan maksa. nu kitu anarki tea. saur abah Surya, cicing di tempat umum, kudu ngawula ka umum, ulah tibalik, di tempat umum ngawula ka sorangan. digebugan batur atuh. dina milis ieu, nya diingetan ku kuncen. si kuring di kusnet jadi kuncen #3, baheula jadi seksi gaplok - baraya kusnet heubeul arapaleun. tangtu harti demokrasi dina milis lain unggal postingan diapprove, da urang boga etika, nya etika sakabisa sakanyaho. demokrasi dina milis paling bebas dina nyieun opini, ideu, pamanggih, pamikiran-bari carana nu pantes numutkeun kapantesan cara umum di urang, sabisa-bisa, jembar. siga perkara ngalarapkeun basa. aya nu make conto naskah baheula. hanjakalna urang hirup jaman ayeuna. nagarana geus ganti, agamana geus beda atawa lain, jaman geus robah. imah ge geus teu ku bilik atawa suhunan injuk. jeung naskah eta kontekstual-luyu jeung jamanna oge budaya harita. cekap! --- In [email protected], "dudi herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > enya ari kituna mah mending. masih mending. ngan ari sakuringeun mah masih > aya sababaraha hal nu kudu dijentrekeun. salah sahijina pada nu ieu : > "terus, mun kusnet mangrupa wadah atawa istilah umum pikeun sing saha bae > urang sunda nu iinternetan, naha atuh langsung dipupus? ieu hartina kang > maya gede rasa atawa rumasa. ngaku yen kusnet teh milis > [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>!"... enya kitu > harti mj sarua jeung harti mang maya? kuring jadi inget kana omongan dani > 'dewa' ahmad... cenah, "lamun kuring menta hampura... sarua we jeung kuring > ngaheueuhkeun/ngaku sagala tuduhan maya"... bener meureun lamun ditenjo di > sisi dani mah. tapi mun ditingali ti sisi sejen, bisa wae menta hampura teh > salah sahiji gambaran kajembaran hate. > > ah ketang ieu mah... dina raraga diajar demokrasi we... diajar ngedalkeun > unek-unek. ari tungtungna mah kumaha nu dibarendo we... > > d >

