Haaaarrr... bade kamana Kang Asep?...
Duh, moal rame deui atuh padungdengan teh...
Nya, pami keukeuh2 teuing mah atuh bade amitan, abdi mah moal tiasa ngawagel...
Wilujeng Kang Asep... pileuleuyan... hiks... (asa ka lanceuk ka Kang Asep 
teh...)

ro2
nu bakal sono

>>> [EMAIL PROTECTED] 02/19/08 08:54AM >>>

Kahatur para wargi sadaya,

Waktos nyerelek, tos kira hiji satengah taun sim kuring aub dina ieu milis. 
Seueur mangfaatna pikuen sim kuring hususna sim kuring janten ngandelan 
kasundaanana; sanaos sim kuring teh campuran Sunda-Jawa, tapi janten langkung 
nyaah pisan ka Sunda batan Jawa. Namung ku margi kasibukan, kalebet kanggo 
diajar bagbagan agama, kapaksa kedah ngirangan aktivitas dina milis. Nya denget 
ieu, bade undur pamitan.
Kanggo MJ, sanes sieun disebut agul ku payung butut ku nu ageung jasana kana 
kasundaan, ieu mah bade sasadu rehna sim kuring teu tiasa ngahontal kahayang 
(anu didugikeun ngalangkunangan SMS) kanggo nambihan kencleng sasih payun ku 
margi nuju gaduh kaperyogian sanesna. Hapunten mung sakitu kamampuh pribados. 
Mugia salajengna Urang Sunda langkung seueur anu ngeusian kencleng kanggo 
minterkeun kisunda ngalangkungan program pabukon.
Ka sadaya para wargi, neda dihapunten kana sagala seratan sim kuring.

Wassalamualaikum,
Aschev Schuraschev

Kirim email ke