Geuning tos panjang lalakon teh nya Bah, duka tos sabaraha kali aya siklus
ngabahas babasaan, meureun kapayun ge moal tebih tikieu. Hadena meureun ieu teh
tanda basa sunda masih diparake, sisi sejen nya meureun nu datang ka bakus teh
jul jol der der we kana "hot issue" da meureun eta salah sahiji sipatna milis
grup mah kumaha resep atawa perluna ka nu miluan. Lalakon sajarah milis group
jeung jalma nu ulubiung mugi bae jadi tapak nu hade keur jaga ka hareup.
baktos
JP
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "dudi herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> enya ieu ge najan saeutik mengkol tina demokrezi asana mah teu
> jauh jauh teuing... ngaaneh-aneh pilihan ngaran batuh cek kuring
> mah aneh... demokrezi kitu. cobi naon anehna ngaran
> karuhun_betawi?
Memang teu aya nu nganggap aneh Kang, coba baca deui posting kuring
sing taliti. Kang Agus Her protes teh ka posting2 barudak SMKN, nu
alamat emailna wae aneh2 (lamun teu salah make kecap "setan" sagala)
jeung eusina oge teu ngeunah lamun dibaca. Kang Syam oge sarua teu
satuju ka barudak SMKN ieu, manehna mere CONTO PANGHEULANA!,
ngarobah aran alamat emailna tina KARUHUN_BETAWI jadi aran aslina.
Ku Conto ti Kang SR jeung nu sejen, nu ku kuring katengetan, barudak
SMKN teh rada peper, mimiti marake aran nu sabenerna, jeung tulas-
tulisna rada ngeunah lamun dibaca.
Kuring mah ukur ngabejaan, tujuh taun katukang mah, kitu KUSnet teh!
Baktos,
WALUYA
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.